Ieu kaca geus divalidasi
- liwat waktu, panon poe geus reupreupan, nu diwagel maksa mulih.
- Sabada babadamian, kira-kira ngagayuh wanci Magrib, Dalem Ukur geus burudul, sareng para tawanan, Suranangga anu ngajagi ti pungkur, ngabujeng ka Kabayuran, ka pasanggrahan prajurit.
- Boyongan teu dibabandan, tapi nurut ka Pangeran Dipati, teu pira diiring wungkul, dirampas gagamanna, Senapati Jayengrono oge milu, ka Kangjeng Ukur rek jajap, sakalian rek ngalingling.
- Ngalanglang nu ngajaraga, jeung mariksa benteng meunang prajurit, ti hareup mangrupa kubu, tina tangkal kalapa, ditumpukkeun satumpukna tilu-tilu, pertahanan anu kuat, cukup keur ngajaga diri.
- Eta kubu pertahanan, ngembat ngaler diatur kenging ngijir, disambung ka palih kidul, palebah pasanggrahan, dipeng-kolkeun meh nepi ka Cihaliwung, geus pinuh ku pertahanan, lombang-lombang nu parenting.
- Di dinya geus pasolengkrah, nu mangrupi babadak tina kai, rarancak nu meunang ngatur, sareng tangkal kalapa, beunang nuar nepi ka mangpuluh-puluh, bahan anu rek digarap, anggeuskeuneun isuk deui.
- Jayengrono pok nyarita, Cihaliwung bade ditutup gasik, leresan dieu dibendung, sina ngocor ka rawa, nu dipambrih supaya ti pihak musuh, nu aya di jero kota, sina kakurangan cai.
- Sadayana eta hanca,ku Dipati geus ebreh katingali, bahanna geus meunang ngatur, gawe balad Mataram, keur ngawangun pertahanan anu kukuh, meneran keur caang bulan, nu naringali saridik.
- Anu jajap henteu teras, Jayengrono ti dinya pok permisi, yen anjeunna bade wangsul,mulang ka pasanggrahan, Jayengrono enggeus widi Kangjeng Ukur, ti dinya lajeng paturay, nu jajap sareng nu mulih.
- Barang nu mulih rek meuntas, rek ngaraas milihan nu teu tarik, di walungan Cihaliwung, ningal balad Mataram,
38