Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    beulah kulon jumlahna mang puluh-puluh, ngajejer nyarekel tumbak, sayaga rek tandang jurit.
  1. Di tengah-tengah barisan, katingalna aya nu rada ginding, tumpak kuda gede jangkung, pantesna pamanggulna, nu ngahaja rek megat Dipati Ukur ngahadang rek ngajak tandang, megatan nu rek marulih.
  2. Boyongan leumpang ti heula, ujug-ujug buriak mundur deui, galeumpeur jiga baringung, sabab boga sangkaan, nu maregat aleutan Dipati Ukur, karepna arek nandasa, rebut pati ngadu jurit.
  3. Kangjeng Dalem jeung rombongan, lajeng bae enggal malundur deui, balad Mataram tarurun, arek ngangseg narajang, malahan mah nu saurang paling payun, geus ngalempagkeun tumbakna, ngan untungna henteu tepi.
  4. Geus kitu mah burber tumbak, tingbelesat patinghahariuk tarik, barbirber mangpuluh-puluh, anu keuna saurang, ti boyongan nu harita can kaburu, anu can hanjat ka darat, harita keneh tiguling.
  5. Tumbak nanceb na tonggongna, jerat-jerit tina bawaning nyeri, ku baturna dibaruru, ngancang ditarulungan, disarered pek dibawa terus nyumput, nyalingker deukeut babadak, tempat anu rada buni.
  6. Dipati Ukur marentah, sangkan tumbak nu ngarambang di cai, supaya gancang dipupul, dina aya perluna, ngagampangkeun Jamun ngalawan ka musuh, nu nyarumput kabeh rikat, nyarokot saurang hiji.
  7. Nu narajang lir nu ringrang, tingrarandeg jiga kurang kawani, ku sabab nu jadi musuh, pada nyekel gagaman, ti dinya mah prak nyebar bari ngalingkung, arek ningker ka musuhna, anu keur nyarumput buni.
  8. Sanggeus lungsur tina kuda, Dalem Ukur jeung Ki Sura arindit, nyalingker rada beh jauh teras salasauran, henteu lami nguliwed na tangkal waru, aya di sisi walungan, rada beh girang saeutik.
  9. Cahya bulan kalimpudan, henteu ngempray saperti keur mimiti, kahalangan mega mendung, jeung deui lebah
39