Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    dinya, mani pinuh ku kakayon nu jarangkung, turta garomplok daunna, mangrupakeun aling-aling.
  1. Prajurit teh tingkarandang, tingkodongkang, nyalingker ka nu buni, nyararumput gurung-gusuh, sok sieun kanyahoan, katembongeun ku lawanna pihak musuh, sieun kacerek ti heula, marubus pabuni-buni.
  2. Pamingpin pasukan Jawa, tina kuda isarah pek ngahuit, marentah supaya maju, baladna gancang nyerang, geura gempur boyongan, Dipati Ukur, pingpinan Ki Suranangga, supaya gancang dibasmi.

Durma

  1. Ningal tandang Suranangga anu gagah, Senapati lineuwih, reujeung jungkiringna, dedeganana Sersan, taya hiji anu wani, rek ngadeukeutan, narangtung di nu tebih.
  2. Ngan saukur wani malengpeng ku tumbak, kitu ge ti nu tebih, tayaanu keuna, sakadar dipaparah lolobana henteu tepi, lantaran anggang, henteu matak balai.
  3. Kocap Sersan ayeuna bijil napsuna, hatena jadi wani, teteg boga rasa, aya nu ngabelaan, katurug-turug nu penting, pestolna tea, dipaparinkeun deui.
  4. Tapi Sersan diomat-omatan pisan, diwagel ku Dipati, ulah ngabekasan, upama teu kapaksa, atawa ngabela diri, bisi binasa, lebah dinya mah kenging.
  5. Harita ge ku Sersan kungsi di coba, dibekaskeun sakali, ukur buang obat, teu ngabedil enyaan, ngan ditujukeun ka lagit, keur nyingsieunan, musuhna sangkan miris.
  6. Dalem Ukur ngelemet milari tempat, nu deet tur teu tarik, anjeunna ngaraas, maksadna bade meuntas, Cihaliwung henteu tarik, tur kabeneran, deet nengahan bitis.
  7. Najan angkat di nu poek sarta bala, tapi Kangjeng Dipati, lengkah reujeung tincak, nu dibarung ku rasa, jiga aya anu narik, sakolepatan, ka peuntas enggeus sumping.
  8. Ti dinya mah anjeunna seselendepan, teu beda reujeung ucing, nu ngintip /mangsanna, ngeteyep lalaunan, bade nyampeurkeun pamingpin, nu dina kuda, tagogna ieu aing.
40