Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Sanggeus deukeut gancang dirawel sukuna, beubeurna prak ditarik, pamingpin balangah, teu nyangka keur diarah, da puguh meureun keur mingpin, keur ngapalaan, baladna nu rek jurit.
  2. Ku Dipati rikat dibedol ka handap, pamingpin ngagurawil, nepi ka bru ragrag, nyangkere henteu obah, geus ninggang rungkun cantigi, kudana ngejat, beretek ka nu suni.
  3. Pamingpin teh ngagoak tulung-tulungan, lir budak bae badis, bari roroesan, kokosehan rek hudang, prak diburu ku Dipati, nyepeng dadana, bari pok nyaur bengis.
  4. Lamun bener andika narah cilaka, ulah rek jerat-jerit, anggur seug marentah, celukan kabeh balad, supaya ngeureunan jurit, panarajangan eureun samasakali
  5. Barang sidik katingalieun beungeutna, geus henteu samar deui, nu jadi pingpinan, Tumenggung Adireksa, putrana Kangjeng Dipati, wakil Sri Sultan, anu rek niat julig.
  6. Adireksa sanggeus leungit kareuwasna, tur bisa ajeg deui, geus bener nangtungna, anjeunna tetep bedang, henteu nurut ka Dipati, malah ngalawan, kusiwel nyabut keris.
  7. Bari tuluy ngocomang tulung-tulungan, tapi ku Adipati, henteu diomberan, pek disintreuk tarangna, Tumenggung ngagerung nangis, nyerieun pisan, henteu era ngawiwiw.
  8. Dalem Ukur ningali nu gegerungan, anjeunna imut, manis, lajeung sasauran, aduh ampir kalinglap, bet geuning pamanggul jurit, banteng Mataram, teu sangka wani jalir.
  9. Lamun anjeun hayang ngadu kakuatan, ka kula ngajak tanding, nyoba kadigjayan, ngadu patutunggalan, hempek geura taki-taki, ayeuna pisan, kaula moal indit.
  10. Tumenggung teh ngeheneng teu ngawalonan, ngawiwiw bae ceurik, nyekelan mastaka, katibanan ajian, perwasana semu gunting, teu walakaya, laleuleus tulang sandi.
  11. Ti beh landeuh murudul aya nu datang, aya genep prajurit, maresat gobangna, muru dununganana, Dipati Ukur ngalahir, tur rada bedas, aeh para prajurit.
  12. Mun sampean rek nyalametkeun dunungan, pacuan kumawani, deukeut ka kaula, pek caricing di dinya, sabab
    41