Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    pikeun pati hurip, Den Adireksa, kaula anu nyangking.
  1. Mun teu nurut tinggal ngagotong mayitna, pilih salah sahiji, moal rek kapalang, ka jelema nu bedang, heug tampanan ieu keris, barang pusaka, nelah si Gagakputih.
  2. Nyaur kitu bari jeung nyabut wangkingan, nu nelah Gagakputih, herang ngabaranyay, ngagebur cahayana, matak serab matak gimir, matak kasima, ku geburna ge gigis.
  3. Prajurit teh saurang taya nu tandang, dareukeut ge teu wani, sok komo ngalawan, hareugeueun nu aya, helok dibarung aringgis, teu bisa peta, ngadegdeg lir nu tiris.
  4. Adireksa nu meujeuhna gegerungan, sakapeung ngabangingik, ku Dalem diusap, dina urut nyintreukna, ku perah si Gagakputih, ngadadak jagjag, ngorejat pok wawarti.
  5. Kangjeng Dalem kaula rumaos pisan, estu sisip pangarti, kawon kadigjayan, kasakten kasatrian, moal kumawantun deui, sadaya-daya, nyanggakeun pati hurip.
  6. Paripaos dicacag diwalang-walang, digisik jadi cai, moal pisan baha, kaula seja sadrah, tumarima kawon jurit, perang kasoran, neda sih pangaksami.
  7. Dalem Ukur ngawaleran lalaunan, bari telek ningali, Raden Adireksa, ulah rek kikituan, Kakang tetebiheun teuing, mun aya maksad, nelasan ka Kangrai.
  8. Diri Kakang seja pisan ngahampura, mung tumaros saeutik, na naon margina, sareng naon maksadna, anu mawi tadi Rai, wantun ngahadang, ka Kakang nu keur balik.
  9. Taya sanes jalaran ku kabodoan, Rai Dalem pribadi, sareng lanceuk pisan, anu ngabobotohan sangkan megat nu marulih, karaos pisan, estu lepat pamilih.
  10. Mun kitu mah Kangrai ngemban timbalan, parentah anu penting, ti Den Citrareksa, hanjakal jeung anjeunna, kaula henteu papanggih, rek sakalian, ngayakeun perang tanding.

Kinanti

  1. Ku Rai mugi didangu, Kakang teh mere pepeling, enggoning rek sasarengan, ngajalankeun darma bakti, pikeun ngabela Nagara, poma rek pahiri-hiri.
42