Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Rek paluhur-luhur tangtung rek nembongkeun ieu aing pagirang-girang tampian, tur teu make temah wadi sok komo mun disarengan ku manah nu teu beresih.
  2. Mun kitu pinasti ancur akibatna baris rugi kadang kala balik ngaran musuh mah ngareunah seuri tah ieu kedah dicegah, Jalanna ngan ku saati.
  3. Kakiatan anu ampuh sanes dina congo bedil, ayana dina awak urang anu ngancik dina batin, mangrupa kapribadian, kayakinan anu suci.
  4. Pangpangna kudu saluyu, urang teh kudu ngahiji enggoning rek nyangga darma, ngusir semah nu rek dengki anu campelak cucungah, ngagadabah lemah cai.
  5. Piwejang sewu kasuhun diemutkeun siang wengi, ceuk Tumenggung Adireksa katingala lir nu isin, jigana meureun karasa, yen anjeunna nu geus julig
  6. Nuhun Kangrai mun kitu, pacuan uah rek lali, pangpangna urang jeung urang, ulah rek henteu ngahiji sok komo timbul karinah, antukna urang nu rugi.
  7. Mungguh tekad anu hasud, Kangrai meureun tingali ngancikna teh di jelema nu boga rasa umaing nu adigung adiguna, anu resep hiri dengki.
  8. Boga rasa leuwih punjul ngakukeun loba pangarti, panggagahna pangrongkahna nu beunghar sakolong langit, jeung ngaku pangkawasana, di dunya mah euweuh deui.
  9. Jelema nu sipat kitu sok rea pisan kasakit, saperti henteu kaopan, teu paya aya nu leuwih, ngewa mun aya nu magak, kahayangna ngan dipuji.
  10. Padahal lamun dicukcruk, diteuleuman anu telik, sanajan ngakuna gagah lahuta jeung ieu aing batinna nyata borangan leutik burih tur jejerih.
  11. Kalungguhan sieun turun, pangaruhna sieun leungit. kasoro kakawasaan, kahormatan kitu deu sangkan teu aya rintangan, sok ngarinah jeung ngadoni.
  12. Budi parangi nu kitu, mun seug jadi Senapati, teu kaasup Sinatria, ngahucuhkeun ka nu leutik kajeun rayat letik, kajeun rayat jadi korban, asal aing ngeunah seuri.
43