Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Di mana lamun keur unggul, teu euleum-euleum umaing, agul ngaku pangpunjulna, nulak cangkeng muril kumis, narah kadampal kalangkang geus teu nolih ka prajurit.
  2. Kaunggulan anu mulus, anu langgeng moal leungit, bakal bisana kahontal, anging jalanna ku suci, tegesna ku kaiklasan, keur ngabela lemah cai.
  3. Sakitu oge geus cukup, Kakang ka Rai mepeling, pamugi ka sadayana, di dugikeun ku Kangrai, pangpangna ka tuang Raka, jeung ka para Senapati.
  4. Supaya anu dimaksud, urang teh bisa ngahiji, ulah timbul pacengkadan, nu temahna matak rugi, nguntungkeun pihak Walanda, atawa pikeun kumpeni.
  5. Raden Tumenggung tumungkul, ngahuleng jiga nu mikir, gemet ngabandunganana, siga nyerep kana ati, ngan sumuhun ngawalerna, ditambih teu lepat deui.
  6. Reungeukeun Rai Tumenggung, Kakang rek hatur tingali, bade brukbrak terus terang, sok mindeng manggih kanyeri, teu raos ku urang wetan, ulah karandapan deui.
  7. Anamung sadalah kitu, teu weleh Kakang teh mikir, dugi ka wangkid ieu mah, napsu teh bisa diaping, sareng emut balukarna, lamun pecoh matak rugi
  8. Sadaya nu dipisaur, abdi Dalem kantos nguping, malah abdi Dalem pisan, mung pamugi lahir batin, sih hapunten nu diteda, Tumenggung megat ngalahir.
  9. Tong kagungan manah kitu, Kakang mah sanes ka Rai, rek neumbleuhkeun kasalahan, ieu mah sangkan tingali, nyarioskeun pangalaman, ulah kajadian deui.
  10. Upami Raden Tumenggung, palay tingali nu sidik, Ki Jayengrono pariksa, lalakon Kakang bihari, keur ngaderek di Mataram, ngawulaan Sri Narpati.
  11. Kakang ayeuna rek wangsul, Rai ge meureun rek mulih, sareng muga ulah lepat, teraskeun pisanggem tadi, sareng muga ngahampura, jelema sok owah gingsir.
  12. Ti dinya terus malungkur, arangkat ti sisi cai, sabaladna-sabaladna, dicarandak masing-masing, nu ka kulon nu ka wetan, sadayana geus marulih.
  13. 44