Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Boyongan Dipati Ukur, anu katumbak dicai, nepi ka hanteuna pisan, dikubur di sisi cai, handapeun tangkal kalapa, Dipati Ukur meh nangis.
  2. Di jalanna teu kacatur, nu marulih geus tarepi, kira wanci haneut moyan, sanajan teu pati tebih, jajalaneun pinuh rawa, kawuwuh angkat ti peuting.
  3. Ningali anu carunduk, sadayana Senapati, pahibut kabeh marapag, nyanggemkeun wilujeng sumping, paroman bear marahmay, nawiskeun saruka ati.
  4. Ningali nu muru-muru, ngabageakeun nu sumping, Dalem Ukur ngawaleran, imut jeung manggut saeutik, rupina bawaning palay, anjeunna henteu wawarti.
  5. Ari nu alewoh ribut, ngadogeng mani ngecewis, Senapati Suranangga, mani imeut tur taliti, ti sabarang jung mariang, nepi ka mulang na deui.
  6. Boyongan terus diatur, dipernahkeun anu tartib, ngawungkul di hiji kemah, tur dijaga ati-ati, bok bisi aya nu minggat, anu ngajaga caringcing.
  7. Kacaturkeun hiji waktu, sadayana Senapati, ditambah ku kapetengan, dikempelkeun jadi hiji, kersana babarempagan, sayagi rek indit jurit.
  8. Baladna nu opat rebu, dipencar dibagi-bagi, diatur luareun kota, tapi deukeut ka Batawi, ti kidulka kulon parat, pertahanan rekep rapih.
  9. Unggal rombongan diatur, sanajan bagian leutik, kabeh aya pamingpinna, anu kudu ngatur jurit, dina waktuna ngajorag, ulah rek pahiri-hiri.
45