Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

IV. TARUNG JURIT JEUNG KUMPENI
Pangkur

  1. Sagala paparentahan, gancang bae teu diengkekeun deui, harita terus dipaju, sacabak-sacabakna, aya anu nyarieun lombang keur nyumput, nu nuaran tatangkalan, kalapa reujeung kacapi.
  2. Keur nyarieun kandang jaga, diaturna sisi kemah nu penting, nyegah panarajang musuh, mun aya nu ngajorag, memeh asup enggeus kaburu kakepung, musuh nyerang pasti beunang, moal bisa balik deui.
  3. Pasukan luar biasa, nu katelah pasukan Jurutelik, saban peuting tingkurusuk, nalungtik rerencepan, keur nyirian pijalaneun pikeun asup, geusan narajang ka kota, pijalaneun geus katungtik.
  4. Malah aya sarombongan, jurutelik golongan nu warani, diluluguan ku Umbul, Umbul ti Batulayang, geus barisa mareuntas ka Cihaliwung, norobos ka sisi kota, beulah kidul sisi cai.
  5. Di dinya mah longsong pisan, pangjagaan kawasna paling sepi, sabab loba tanah suwung, ukur kebon kalapa, nu paselang jeung dungus nu tingrunggunuk, atawa jeung kekebonan, tinggarumpluk teu ngahiji.
  6. Jurutelik pada terang, di dinya teh katembong benteng leutik, tapi teu bisa kaukur, kakuatan musuhna, ngan katingal aya Walanda nu nangtung, pulang anting leuleumpangan, deukeut benteng manggul bedil.
  7. Reyem-reyem cahya bulan, samemena gawena jurutelik, tingsulumun dina ruyuk, leumpang sasalingkeran, ku nu jaga jurutelik teu katimu, teu bisaeun kanyahoan, tingsulusup di nu buni.
  8. Ki Mas Umbul Batulayang, gasik naek kana tangkal kacapi, ngawaskeun tempat nu jauh, keur netepkeun siasat,
    46