Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    pikeun engke di mana gerna bertempur, sangkan terang kana jalan, keur asup sinareng balik.
  1. Geus cukup panalungtikan, rerencepan jurutelik baralik, saperti keur waktu maju, mulang ka pasanggrahan, gagancangan lapor ka Panglima Ukur, nerangkeun pihak Walanda, nu jumlahna teu saeutik.
  2. Balad Mataram jeung Sunda, saban waktu maranehna papanggih, unggal poe henteu putus, ngarayakeun hubungan, keur ngasakkeun babadamian nu luyu, siasat panarajangan, ngagempur kota Batawi.
  3. Ti dua pihakanana, geus netepkeun sikep taktik politik, hasilna tina barempug, dina prung na narajang, geus satekad waktu badami panutup, moal rek pakia-kia, sauyunan jadi hiji.
  4. Panarajang nu munggaran, geus mupakat moal dirobah deui, diayakeun malem Minggu, di mana surup bulan, pukul tilu mimiti bareng ngagempur, waktu pangjagaan lemah, waktuna anu mustari.
  5. Kocapkeun pihak Walanda, kumpeni teh jigana geus caringcing, nu dipingpin ku Mur Jangkung, lantaran kawasna mah, samemehna balad Mataram carunduk, nyarahoeun rek dijorag, ti Batawi rek diusir.
  6. Anu tangtu maranehna, siga gugup mani henteu caricing, ngadadak bentang diwangun, tur ngatur pertahanan, serdaduna jumlah-jamleh dua rebu, kitu ge balad campuran, jeung prajurit meunang meuli,
  7. Ari serdadu sewaan, bangsa Cina - Jepang reujeung pribumi, sesa balad nu kapungkur, balad Wijayakrama, anu kaolo ku tipu daya Mur Jangkung, nu ngalih ka Tirtayasa, ku Sultan Banten ditarik.
  8. Barang serdadu Walanda, nyarahoeun manehna rek diusir, Batawi sidik dikurung, ku Mataram jeung Sunda, unggal poe ti benteng patingjalegur, ngabedil ka pasanggrahan, ngulon ngetan saban usik.
  9. Malah sawaktu-waktu mah, ku mariem nepi ka eundeur bumi, tapi ku lantaran jauh, rada anggang pernahna, tur
47