Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    nyumputna baruni henteu kasusul, teu matak nimbulkeun korban, henteu aya nu balai.
  1. Sanajan hantem-hanteman, kumpeni teh henteu eureun ngabedil, nu ngarepung henteu mundur, terus ngangseg narajang, teu sieuneun ku mariem tingjalegur, enggeus baruleud tekadna, rek ngusir anu ngalindih.
  2. Kacaturkeun malem Ahad, anu enggeus meunang asak badami, campleng dina pukul tilu, sakabeh balad Sunda, geus sadia mareuntas ka Cihaliwung, tur samakta rek narajang, ngarurug kota Batawi.
  3. Henteu lila gancang tandang, sabagian enggeus haranjat deui, daratang ka beulah ditu, meuntas ka beulah wetan, leumpang anca maraju teu gurunggusuh, tingkarayap tingkorondang, lalaunan ati-ati.
  4. Tamtama jeung Kapetengan, dibarisan nu pinilih warani, pangheulana bari ngatur, mingpin pasukanana, Dalem Ukur angkatna teu pati jauh diiring ku Suranangga, kana benteng geus meh tepi.
  5. Barang geus dareukeut pisan, kabetahkeun ku nu ngajingjing bedil, anu geus dipasang sangkur, Dipati Ukur rikat, teras ngajleng ngarapetan pihak musuh, bari maparin isarah, Suranangga henteu cicing.
  6. Mani ngan sakedap netra, serdadu teh tingjaloprak ngaguling, tingkerejet tinggudubug, ngalaleupaskeun nyawa, ku lantaran beuteungna keuna panyuduk, gagaman Kangjeng Pangeran, nu nelah si Gagakputih.
  7. Nu saurang jajantungna, nu saurang hulu angen katiir, duanana tingkudupung, musuhna Suranangga, memeh rubuh bedilna geus kungsi bitu, ngabeledag tarik pisan, katambah keur sepi jempling.
  8. Sorana munggah eoran, jeung aweuhan meh sakuriling bungking, nu di benteng tinggurubug tingkorejat harudang, samar polah nepi ka ibur tagiwur, geumpeur teu paruguh cabak, kahudangkeun sora bedil.
  9. Ti golongan nu narajang, ger sarurak tarik asa kaindit, ayeuh-ayeuhan ngaguruh, bari jeung muru lawang, lawang
48