Ieu kaca geus divalidasi
- benteng jeung gedong anu jarangkung, anu diparake markas, nu dieusi ku kumpeni.
- Panto nu hese dibuka, dijarejek disungkal make linggis, didalagoran ku batu, make kai pulukan, musuhna teh nu dijero tinggurubug, uyup-ayap samar polah, kadengena bet careurik.
- Tungtungna teu puguh cabak, teu dipikir ngabarekaskeun bedil, mani dordar henteu puguh, sora pestol ge tortar, nu diincer ukur panto jeung ka luhur, atawa lebah jandela, dipaparah asal muni.
- Harita teh poek pisan, turug-turug wiwahana geus leungit, ngabedilna geus teu puguh, darderdor sadaekna, ngan lantaran di lawang pagulung-gulung, aya oge anu keuna, tingkudupung tingjarerit.
- Nenjo batur tinggolepak, balad Sunda beuki ngangseg barengis, beuki wani timbul napsu, teu lila panto muka, geus kitu mah paheula-heula arasup, teuneung ludeung henteu ringrang tara jejerih ku pati.
Durma
- Walanda teh barang panto benteng dobrak, mani hibut pabuis, tur paheula-heula, lalumpatan ka luar, sanajan marawa bedil, kaseureudeug mah, lapur euweuh nu muni.
- Balad Sunda anu ngajaga di luar, caringcing taki-taki, nyarekel gagaman, tandang megat musuhna, nu lalumpat mawa bedil, tuluy dihadang, geus henteu minge deui.
- Walanda teh tingkoloyong tinggaroak, tinggarerung careurik, jeung tulung-tulungan, nyarekelan sirahna, nepi ka barijil getih, ditareunggeulan, ku pamentung jeung linggis.
- Anu parna geus henteu nyanggapulia, teu empas-empes deui, tambah kaleyekan ku nu rebutan jiwa, babad Sunda jeung kumpeni, nu ragot perang, geus campuh jadi hiji.
- Ti Sunda ge teu suwung aya nu korban, katojos congo bedil, jeung pelor nu nyasar, lantaran babarengan, maju ngambreg jeung warani, neumbrag Walanda, Kumpeni nu ngalacir.
- Ti Walanda anu lolos lalumpatan, tingserebet 49