Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Sasesana nu teu nyieun panyumputan, dipiwarang baralik, tur dipapancenan, ngajaraga boyongan, ngurus nu tatu jeung gering, nunggu parentah, sadia jurit deui.
  2. Dalem Ukur jeung Kaperengan pilihan, kekentong dina jurit, tetep henteu robah, henteu ka pasanggrahan, tatan-tatan maju jurit, nu kaduana, ngatur siasat deui.
  3. Panarajang golongan pihak Mataram, palih wetan teu hasil, henteu beubeunangan, sabab palebah dinya, baladna pihak kumpeni, cukup tohaga, kuwat leutik ti misti.
  4. Mimiti mah arasup ka sisi kota, nyerang garagah wani, tapi kawalahan, teu kajabel bentengna, kapaksa malundur deui, ninggalkeun korban, jumlahna teu saeutik.
  5. Tambah-tambah Mataram katiwang-tiwang, estuning matak sedih, geus katunggaran, katarajang bahaya, loba nu keu- na panyakit, tajam jeung cacar, balad loba nu gering.
  6. Barang bray ge ti benteng pihak Walanda, tebeh kaler saeutik, sora mariemna, mani taya eureunna, geus patingjalegur deui, hantem-hanteman, jiga nu nangtang jurit.
  7. Ditojokeun ka lebah benteng nu beunang, kajabel peuting tadi, geus dicaricingan, ku wadya bala Sunda, ka Mataram kitu deui, terus-terusan, henteu eureun nganbedil.
  8. Ku lantaran panyumputan teh tohaga, jarero tur baruni, teu nimbulkeun korban, balad Sunda tarahan, sapoe jeput caricing, di jero lombang, margi bisi kabedil.
  9. Kacaturkeun dina peuting kaduana, wengian Senen Pahing, kabeh balad Sunda, geus ngayakeun gerakan, ka benteng nu hiji deui, kalereunana, sesa peuting kamari
  10. Ngajoragna saperti anu ti heula, wanci janari leutik, harita pohara, panarajangan hebat, leuwih ragot ti kamari, musuh sayaga, teu kabongohan teuing.
  11. Balad Sunda sanajan rea nu tiwas, tapi nyerangna hasil, sabab ahirna mah, waktu carangcangtihang, benteng musuh beunang deui, sarta Walanda, ka beulah kaler ngacir.
  12. Isuk-isuk waktu Dipati mariksa, ngaroris nu taliti, lajeng kauninga, Ngabehi Judakerta, ti Taraju sidik leungit, taya raratan, Kangjeng Dipati sedih.
51