Ieu kaca geus divalidasi
- Kegalihna geus kaboyong ku Walanda, waktu nyerang ti peuting, miwarangan nyaksrak, meakkeun panasaran, tapi weleh teu kapanggih, taya urutna, lacakna teu katungtik.
- Kangjeng Dalem rupina ngangres manahna, dugi ka ampir nangis, dumeh kaicalan, bebenteng nu satia, nu gumuti bela pati, kokojo Sunda, Pahlawan nu pinilih.
- Manah bendu malah numutkeun napsu mah, palay ngajorag gasik, disusul nyalira, nepi kana dungusna, nya kitu deui prajurit, panas hatena, harayang males pati.
- Kacaturkeun dina perang nu kadua, balad Mataram hasil, beubeunangan nyerang, sababaraha tempat, benteng nu disisi parit, jeroeun kota, beulah wetan geus kenging.
- Kalantaka jeung mariem poe eta, rep repeh henteu muni, jigana kalelang, enggeus beakeun obat, ngadararempes caricing, balad Walanda, nyararumput baruni.
- Torojol teh aya Jurutelik datang, hariweusweus pupulih, lapor ka Panglima, pokna hatur uninga, wirehing aya kumpeni, ka dieu datang, sapuluh urang leuwih.
- Pangpayunna ngabantun bandera bodas, sareng katingal deui, sapengkereunana, tetela moal lepat, sidik Juragan Ngabehi, sareng rencangna, ka Walanda ngariring.
- Dalem Ukur ngumpulkeun Senapatina, saurna Senapati, narima laporan, bakal aya nu datang, kawas utusan Kumpeni, ceuk raraosan, arek ngajak badami.
- Mangkahade ulah rek dihareureuyan, sabalikna sing ngarti, sabab maranehna, mawa bandera bodas, najan kitu kudu telik, sarta waspada, bisi musuh rek jail.
52