Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

V. USUL KUMPENI DITOLAK.
Pucung

  1. Henteu lila utusan kumpeni cunduk, ka tempat geus datang, bareng jeung anu diboyong, sarerea jrat-jrut turun tina kuda.
  2. Disampeurkeun ku prajurit nu tarunggu, gancangna ditanya, pamingpinna pok nyarios, yen maksadna rek nepangan ka Panglima.
  3. Dideuheuskeun ka Kangjeng Dipati Ukur, anu keur riungan, jeung kekentong Sunda kabeh, kumpeni teh ku Panglima ditampina.
  4. Utusan teh reana ngan ukur tujuh, ari kapalana, soldadu pangkatna Kapten, jigana teh dipilih nu ngarti basa.
  5. Dina srogna ngenalkeun leuwih ti payun, bari tatabean, nembongkeun nu hade hate, teu adigung ka Dalem Ukur ngahormat.
  6. Sabadana ditaros ku Dalem Ukur, naon pamaksudan, Kapten gancangna ngawalon, ngomongna teh basana Malayu kasar.
  7. Sundana mah Pangeran Dipati Ukur, anu mawi dongkap, ngahajakeun ka dieu teh, nuju ngemban utusan ti Tuan Besar.
  8. Tuan Besar kumpeni Jan Piterszoon Coen mantenna amanat, ka jisim kuring nyarios, saurna teh salam baktos ka Pangeran.
  9. Hatur nuhun pisaur Dipati Ukur, atuh sawangsulna, salam ti kaula oge, pangdugikeun ku Kapten ka Tuan Besar.
  10. Kaduana jisim kuring teh panuhun, prajurit boyongan, ku emutan langkung sae, mugi rempag sayagi liron boyongan.
  11. Pamundut teh kantenan bae satuju, asal nu saimbang, jumlahna ulah rek geseh, kitu deui sami kalungguhanana.
  12. Nyaur kitu Pangeran Dipati Ukur, ras emuteun pisan, ka Ngabehi nu kaboyong, Judakerta anu bela ka anjeunna.
    53