Ieu kaca geus divalidasi
- Utusan teh neraskeun deui pihatur, anu katiluna, dipandang jalan nu sae, sangkan Sunda jeung kumpeni sasarengan.
- Sabeungkeutan nganggo dasar rempug jukung, sareng silih bela, di mana aya rerempon, suka duka sauyunan saaleutan.
- Saupami Pangeran Dipati rujuk, katampi mimitran, mugi kersa rawuh bae, ka Batawi dilulungsur Tuan Besar.
- Tuduh jalan upami angkat ka ditu, mangga disarengan, sanajan ayeuna oge, jisim kuring nanggel mo aya pambengan.
- Ku emutan engke badanten di ditu, langkung laluasa, sinareng bade dileler, tawis soca nawiskeun raket mimitran.
- Titi surti Pangeran Dipati Ukur, mesem leleb pisan, enggalna diwaler bae, kaula teh ngarasa bungah kacida.
- Malahan mah sapantesna hatur nuhun, kana kasauran, ngadugikeun maksad sae, ti Kumpeni pangajakna Tuan Besar.
- Mung hanjakal maksad ti Kumpeni kitu, sanes teu mupakat, hirup rapih sapagodos, sauyunan jeung pada mahluk Pangeran.
- Atanapi umangkeuh yen baris unggul, henteu pisan-pisan, sawadina langkung sae, ieu usul didugikeun ka Mataram.
- Ku jalaran Mataram ge ilu-biung, supados tiluan, badanten nu langkung paos, eta usul upami kitu ngiringan.
- Mugi Kapten leresan ieu sing emut, yen waktos ieu mah, Sunda sareng Mataram teh, sami-sami keur ngabela kahormatan.
- Tur piraku kaula teh kedah ngantun, ka urang Mataram, satengahing perang keneh, awon lampah hianat ka babaturan.
- Ngadengeeun waleran Dipati Ukur, Kapten lir nu reuwas, tur katembong jiga sewot, ku lantaran maksudna henteu laksana.
- Geus kitu mah Kapten teh gancang misaur, sugri kasauran, ku jisim kuring kahartos, henteu ruhun mung ukur darma utusan.
- Leres pisan mugi saurkeun di ditu, sumping lapor enggal, ka Tuan Besar nu ngantos, kapalayna kaula henteu ngiringan.
- Henteu lami Kapten enggal bae mungkur, sabada boyongan, ditukeurkeun beres roes, dijajapkeun nepi ka wates
54