Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    daerah.
  1. Kacaturkeun peutingna mah teu ngagempur kabeh henteu gerak, ngan pada caricing bae, bari ngantos laporan ti palih wetan.
  2. Kangjeng Ukur wengi eta teh nyulumun, angkat rerencepan, mapay jalan anu simpe, disarengan Senapati Suranangga.

Magatru

  1. Pasanggrahan Bahureksa nu dijugjug, anu harita geus hasil, ka jero kota geus asup, merenah di sisi parit, ngan ayana di nu jolok.
  2. Bahureksa katarajang ku pagebug, keur muriang panas tiris, malaria nuju kambuh, ngagibrig maksakeun calik, estuning matak hawatos.
  3. Anjeunna teh marentah para Tumenggung, sareng para Senapati, peuting eta sangkan maju, narajang benteng Kumpeni, kudu gancang disorobot.
  4. Mapadonan ka nu rek arindit nyerbu, sangkan benteng teh kacangking, tapi lamun teu karebut, akibatna matak risi, engke Mataram nu repot.
  5. Jayengrono Senapati nu kamashur, tameng dada nu pinilih, nyaurkeun Dipati Ukur, ka dieu nepangan deui, bade barempag nu paos.
  6. Barang gok ge sareng Dipati patepung, Bahureksa imut manis, tatamu enggal diaku, satata diajak linggih, temong sami-sami sono.
  7. Dalem Ukur nyarioskeun waktos nyerbu, ngajorag pihak Kumpeni, saurna teh kitu-kitu, malah musuh ngajak dami, ngan ditolak bisi ngolo.
  8. Bahureksa muji ka Dipati Ukur, raos kahutangan budi, bela satia satuhu, katampina lahir batin, kersa ngalayad nu nombro.
  9. Ku anjeunna nya daradad dipihatur, ngadadarkeun hal prajurit, balad Mataram teh ripuh, keur pinanggih jeung kasedih, ujian ti Gusti Alloh.
  10. Babakuna meh saparo nu teu maju, henteu bisa milu
55