Ieu kaca geus divalidasi
- jurit, katarajang ku pagebug, ku cacar panyakit kuris, malah geus rea nu maot.
- Ku kituna wadyabalad jadi mundur, napsu jurit rada leungit, sanajan geus meunang ngatur, dirancang ku Senapati, antukna rea nu bongkor.
- Kakuatan armada pasukan laut, estuning ku matak sedih, tanpa gagaman nu cukup, nu ahirna burak barik, loba nu karem maraot.
- Teu kuateun ngayonan tanaga musuh, ngabasmi kapal Kumpeni, mariemna redes cukup, anu galede ngabaris, matak paur mun ditenjo.
- Najan kitu geus meunang beja nu tangtu, balad Kumpeni teh miris, galeumpeur terus malundur, ayeuna eukeur badami, pamingpinna geus ngaleos.
- Teu kuateun keur ngayonan nu ngagempur, nu ti darat terus ngangsit, unggal madhab geus kakepung, diserangna beurang peuting, ti wetan kidul jeung kulon.
- Ngaleosna ceuk beja Jan Pieterszoon Coen, ti Batawina geus indit, rek ngala pasukan tempur nu garagah brani mati, mawa prajurit ti Ambon.
- Dalem Ukur ngalahir bari jeung imut, pamendak sadaya sami, anu dipisaur, leres cocog sareng warti, Murjangkung mios ka Ambon.
- Sagigireun leosna Jan Pieterszoon Coen, wartosna balad Kumpeni, siang wengi bade maju, rek males ngalawan jurit, palih wetan nu dierong.
- Bahureksa ngadangu pihatur kitu, ngahuleng margi kagalih, wadyabaladna keur ripuh, prajurit loba nu gering, anu jagjag ngan saparo.
- Henteu lami anjeunna teh pok misaur, rada semu mangsar-mingsir, cik kumaha neda tulung, bongbolongan ti Kangrai, sangkan Kakang rada longsong.
- Kainggis teh Prajurit Mataram lumpuh, nu ahirna matak rugi, margina dugaan kitu, sumanget para prajurit, ngurangan baturna roncong.
- Rai Dalem henteu kumawantun ngatur, margi tinangtos
56