Ieu kaca geus divalidasi
- kagalih, gumantung kana kamampuh, kakiatan ti prajurit, gagaman sareng komando.
- Raka Dalem emutan nu langkung mampuh, nguji nu tilu perkawis, na sabanding sareng musuh, mung ulah seueur digalih, balad Sunda ngiring tanggoh.
- Sawangsulna saupami kirang mampuh, prajurit resak teu hasil, tong cios teras ngagempur, majeng ge teu ngandung harti, kalah ka balad rarepot.
- Langkung sae samemeh urang ngagempur, sadayana Senapati, pamendakna sae pundut, naha bade teras jurit, atanapi sanes waktos.
- Senapati nu araya tingarangguk, tuluy renyom hoghag sengit, rebut paham ampir rusuh, lantaran beda pamanggih, der cekcok patorong-torong.
- Nu sawareh usul leuwih hade mundur, nunggu mangsa nu mustari, nu sawareh nyaram mundur, kajeun ajur jadi bumi, sabab dina jalan Alloh.
- Basana teh upami nepi ka mundur, tanda jelema jejerih, tangtu dihina ku musuh, pihak Kumpeni sareuri, ti Batawi moal mantog.
- Dalem Ukur imut manis ngagelenyu, ngadangukeun Senapati, rebut paham henteu putus, anjeunna teu weleh muji, kana wawanen kekentong.
- Bahureksa teu iasa enggal mutus, nyaur kumaha Kangrai, bari bangun anu bingung, jigana tacan kagalih, bongbolongan can kaerong.
- Rai Dalem sumeja pamit rek wangsul, reh parantos wengi teuing, salajengna nu kasuhun, ka Raka Dalem nu mingpin, Rai Dalem ngantos wartos.
- Saupami Kumpeni enjing teh nyerbu, narajang ngaburak-barik, singpercanten dina pupuh, balad Sunda moal cicing, tangtos ngiring adu rempon.
57