Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

VI. DIPATI UKUR KATAWAN

Midjil

  1. Dalem Ukur sareng Senapati, kocap geus marios, tunggang kuda jalanna mopoek, harita teh wanci tengah peuting, najan bulan bijil ku mega katutup.
  2. Henteu nyorang jalan urut tadi, ka tengah tur motong, mapay lembur nu kosong rarehe, jelemana kakota ngarungsi, Pangeran Dipati, angkatna teh ngapruk.
  3. Sakalian najan rada tebih, bari lunta lanto, mapay jalan nu dipandang hade, keur isukan dina maju jurit, ulah hese deui, pijalaneun timu,
  4. Takdir diri teu kenging dipungkir, kerasaning Yang Manon, kedah pendak jeung nasib nu goreng, barang deukeut ka tempat Kumpeni, nu angkat balai, kudana tikusruk.
  5. Hihieman teu bisaeun indit, nincak embel jero, suku hareup tibelesek kabeh, Dalem Ukur geubis ngajuralit, teu iasa usik, dina embel mubuy.
  6. Suranangga teu talangke deui, maksudna ngarontok, rek nulungan nu keur kusah koseh, ngan barang jut luncat tarik teuing, Suranangga sami, kana embel mubus.
  7. Boro-boro nulungan Dipati, anu bobolokot, sorangan ge jigana geus hese, Dalem Ukur najan hese usik, rencangna ge sami, salira teu tatu.
  8. Puguh deukeut ka tempat Kumpeni, gancang kaperego, jeung kudana hihieman bae, mani rabul Walanda nalungtik, barang srog kapanggih, geus netepkeun musuh.
  9. Kumpeni teh nu saurang gasik, ngudag bari moro, Suranangga ku tambang dirawe, geus kajiret gasik pada narik, barang geus katarik, tuluy ditalikung.
  10. Teras deui Kangjeng Adipati, dieurad dibedol, dihanjatkeun ka darat disered, tur panangan dibeungkeut ku tali, teu beda jeung paling, katewak dibekuk.
58