Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Ku jalaran anjeunna ningali, anu diborogod, Suranangga beberengos bae, Kangjeng Ukur maparin wawadi, ulah leutik ati, tong dipake bingung.
  2. Sarta urang tong ngarasa risi, rek inggis mah komo, kudu ayem sarta tengtrem bae, leuwih hade sumerah ka Gusti, da puguh kiwari, dina leungeun musuh.
  3. Kabeneran komandan nu jagi, jeung Dipati wanoh, henteu samar sidik geuning Kapten, nu ti beurang diutus badami, jeung Kangjeng Dipati, nu ngasongkeun usul.
  4. Eta Kapten nyeh katingal seuri, pok manehna ngomong, Aeh-aeh Pangeran ieu teh, jisim kuring henteu lepat deui, naha sumping wengi, aya naon kitu.
  5. Saur Dalem leres jisim kuring, ngawaler nu naros, teger panger manahna teu keder, teu galideur tebih ti karisi, dina manah muji, pasrah ka Nu Agung.
  6. Tuluy Kapten miwarang nu jagi, ngabersihan kantor, nu ayana di jeroeun benteng, tawanan teh ka dinya digiring, barang geus tarapti, gancangna arasup.
  7. Kapten tea jelema berbudi, mun ngomong teu songong, sopan santun parangina hade, sinatria hatena beresih, turta welas asih, sanajan ka musuh.
  8. Dalem Ukur sareng Senapati, anu diborogod di kantor mah dilaanan bae, sina siram sareng beberesih, lajeng disaralin, ku anggoan alus.
  9. Ti dinya mah prak disina calik, Kapten pok tumaros, basana teh hade sarta sareh, anumawi Kangjeng Ukur sumping, tangtos rek badami, keur siang can putus.
  10. Dalem Ukur teu ngawaler gasik, teu enggal nyarios, sajongjongan ngan ngaheneng bae, ngamanahan sangkan teu kata wis, keur nilik nalungtik, Kapten pok misaur.
  11. Saupami leres bade dami, sadayana raos, kapalayna Tuan Besar Sepek, nu ayeuna nuju jadi wakil, urang kedah sumping, nepangan ka ditu.
  12. Ngadangueun omong Kapten tadi, manahna molongpong, kagalihna jalan anu sae, bisa jadi pituduh ti Gusti, ti Nu Maha Suci, pok anjeunna nyaur.
59