Ieu kaca geus divalidasi
- Keur kaula sumangga teh teuing, isuk urang mios, ngadeuheusan Tuan Besar Sepek, matotoskeun pamendak kamari, jeung nu jadi wakil, wawakil Mur Jangkung.
- Peuting eta Kangjeng Adipati, sirikna dimongmong, tur dihormat jeung dihade-hade, kitu deui Suranangga sami, ku Kapten ditampi, dianggap tatamu.
- Enjing keneh parantos sayagi, tutunggangan milor, henteu beda jeung mapag gegeden, geus sasarap tiluan arindit, ka gedong wawakil, gancangna carunduk.
- Kira-kira meh dua jam leuwih, kareta geus anjog, ka gedongna Tuan Besar Sepek, nu ayana di kota Batawi, Tuan Sepek bijil, jeung Dipati tepung
- Teras Kapten ngenalkeun Dipati, bari cumarios, Tuan Sepek mung nyerengeh bae, ngadangukeun Kapten keur wawarti, ahli diplomasi, jeung musuh ge akur.
Asmarandana
- Nuhun Pangeran Dipati, kula kacida bungahna kasumpingan ku anjeun teh, muga sing sae hasilna, urang babadantenan, pinanggih jalan saluyu, sapahan jeung sahaluan.
- Urang ngalirenan jurit, henteu manjang mumusuhan, ngayakeun mimitran hade, antara Kumpeni-Sunda, di wewengkon Pasundan, anjeun nu jadi lulugu, anu diajak barempag.
- Nyaritana bari seuri, pokpokanana merenah, tapi ngankeur ngalap hate, supaya anu mayunan, bisa kapangaruhan, Pangeran Dipati Ukur, ngawaler perlente pisan.
- Tuan Besar ulah lali, sayaktosna sadkaula, lamun bade badanten teh, usul ti Kumpeni tea, kamari ti utusan, Pamanggul Mataram bantun, kedah rempag jeung anjeunna.
- Jalaran mugi tingali, kapan ieu peperangan, sanes wungkul Sunda bae, nanging sinareng Mataram kagungan tanggel jawab, sakitu anu kahatur, kanggo bahan karapihan.
- Tuan Sepek imut manis, bari nempas lalaunan, kaula seja tumaros, anjeun nyepeng kalungguhan, Bupati tanah Sunda, ka Mataram naha tunduk, geus dibawah parentahna.
- Dipati Ukur nu surti, sakedap netra kamanah, maksadna
60