Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    nu mariksa teh, ngaluarkeun patarosan, anu kitu sipatna, mo lepat rek ngadu-ngadu, mesem leleb pok ngandika.
  1. Tuan Besar sing tingali, kaula henteu rumasa, mun Mataram ngajajah teh, kadar ngayakeun mimitran, baris silih belaan, mun aya bancang pakewuh, nu tumiba ka Nagara.
  2. Sumangga ku anjeun galih, kinten-kintenna merenah, badanten mung kula bae, meureun disebut hianat, ka bangsana sorangan, emutan mun seug barempug, Mataram kedah diajak.
  3. Leres Pangeran Dipati, memang kitu sakedahna,sanggem Tuan Besar Sepek, bari jeung angguk-anggukan, nurutkeun pamendak mah, Mataram moal rek Purun, bade ngangken sadarajat.
  4. Buktina raja laleutik, nu aya di palih wetan, sareng nu ti palih kaler, sapertos Demak Japara, Tuban jeung Geresikna. Jaratan ge sami kitu, ditalukkeun diperangan.
  5. Malah sanes wartos deui, upami teu kahalangan, ku Kumpeni beulah kulon, Karajaan Banten resak, lebet kana rancana, tetela bade dirurug, tah sakitu nya katerang.
  6. Leres anu dipilahir, nanging pikeun kaula mah, tetap dina ieu waktos, netepan laku Satria, nedunan perjangjian, pasang subaya nu pengkuh, antara Sunda-Mataram.
  7. Yuan Sepek lir nu isin, geus Kapeped cariosan, ngomongna geus rada sombong, beungeutna beureum burahay, upama pamadegan, ti anjeun rek tetep kitu, ka dieu teh tanpa guna.
  8. Dipati Ukur milahir, ayem tengtrem henteu robah. nembongkeun pasemon hade, sanajan teu ngawartosan, ka Pamanggul Mataram, nanging kaula teh sanggup, bade babalagonjangan.
  9. Jeung Kumpeni bade nyobi, ngayakeun babadantenan, Sangkan perang gancang repeh, tangtos ku pihak Mataram, tiasa karempagan, ditanggel yakin saluyu, margi sami pamadegan.
  10. Mereskeun ieu perkawis, kaula teu kaabotan, jadi penghubung nu hade, ti Kumpeni jeung Mataram, sinareng sawangsulna, asal Kumpeni rek tuhu, nedunan kahayang kula.
  11. Jendral Sepek pok wawarti, jiga nu keuheuleun pisan, naon pamundut anjeun teh, kula oge hayang terang, sumangga geura pedar, Dipati Ukur pok nyaur, terus terang ka Walanda.
61