Ieu kaca geus divalidasi
- Pamugi teu bendu galih, sumangga hatur uninga, kieu geura panuhun teh, Kumpeni kedah narima, geus nyieun kasalahan, wani ngarebut hak batur, Nagara Sundakalapa.
- Tuan Sepek teh buncelik, muril kumis bari nyentak, ngomong mani beberengos, basana garihal sugal, kieu pokpokanana, Kumpeni henteu rerebut, kula teu rumasa salah.
- Kasalahan anu bukti, Pangeran Wijayakrama, nu geus hasud goreng hate, geus jalir pasang subaya, ngalanggar perjangjian, Dipati Ukur pok nyaur, suwantonna leuleuy pisan.
- Engke heula masing tartib, antosan lanan sakedap, ulah jol rek bendu bae, dangukeun kalayan sabar, katerangan kaula, bandungan dugi ka tutup, nembe ku anjeun dijawab.
- Leres Pangeran Dipati, teraskeun dugi ka tamat, waleran Tuan Sepek teh, katingal masih amarah, ambek nyedek katahan, ngadegdeg bari rek nangtung, kawas arek ngageretak.
- Tetep bae imut manis, Kangjeng Dalem sasauran, kaduana panuhun teh, Nagara Sundakalapa, tur Dayeuh Jayakarta, prak wangsulkeun ka nu gaduh, ka Raden Wijayakrama.
- Katilu mugi Kumpeni, kedah pisan tumarima, aya di pulo Jawa teh, ngan saukur milu dagang, ngumbara buniaga, lain pikeun rebat-rebut, ngalindih kakawasaan.
- Kaopatna masing tigin, salami urang Walanda, aya di pulo Jawa teh, turut sugri peraturan, undang-undang Nagara, ulah rek ngalanggar hukum, di tempat urang ngumbara.
- Upami panuhun kuring, nu opat perkawis tea, anu bieu kacarios, ku Kumpeni disanggupan, tinangtos peperangan, ku Mataram ge ditutup, kaula nu tanggel jawab.
- Kumargi kaula yakin, yen kapalay ti Mataram, jeung kaula cocog kabeh, mangga galih masing panjang, pangersa Tuan Besar, sing emut pikeun ka payun, antara bangsa jeung bangsa.
Pangkur
- Sajeroning ngabandungan, Tuan Sepek napsuna bijil deui, beungeutna beureum berengut, panonna dulak-dilak, amarahna estuning ngagudug-gudug, ngomong di jero hatena, moal boa nincak aing.
62