Ieu kaca geus divalidasi
- Reup geuneuk sarta ray pias, Tuan Sepek pok ngomong jeung jejebris, bari pakeupis tutunjuk, dordar ngagedor meja, jeung morongos omongna Dipati Ukur, hohoak awong-awongan, geus teu make tata-titi.
- Carita teh teu merenah, tur pamenta karasa kurang adil, coba pikir anu jujur, yen Kumpeni Walanda, datangna teh memang bener cara tamu nu maksudna ukur dagang, tur rek ngadon jual beuli.
- Geus ngayakeun perjangjian, nu dipandang hasilna bakal adil, atawa nu mawa untung, dua pihakanana, nu nguntunkeun ka pribumi jeung ka tamu, kitu dina perjangjian, teu beunang dirobah deui.
- Tapi bet naha buktina, perjangjian dirempak ku pribumi, lain ngan sakali wungkul, nepi ka mawa korban, ka Kumpeni rugina ratusan rebu, sipat barang reujeung jiwa, anu teu bisa dibeuli.
- Ayeuna rek malik nanya, sarta menta jawaban anu pasti, dasarna hate nu jujur, atawa kaiklasan, cing pikiran naha nu jadi tatamu, teu aya hak keur ngabela, nu dihina ku pribumi.
- Nu ngomong awong-awongan, ku Dipati henteu dianggap penting, anjeunna rintih pok nyaur, teu kantun kahormatan, Tuan Besar diteda kedah sing weruh, uninga kana tabeat, tingkah laku bangsa kuring.
- Tara nyieun kagorengan, lamun henteu ngarasa dinye-nyeri, saterusna tara ganggu, upama teu dihina, sabalikna upami diajak jujur, bangsa kuring sinatria, tara carulang-curaling.
- Malahan kedah uninga, sakapeung mah sok wani bela pati, atawa lamun perelu, rajeun daek ngelehan, nu dipambrih babarengan hirup kumbuh, reujeung papada kaula, kudu hirup repeh rapih.
- Ayeuna ceuk Tuan Besar, yen Kumpeni cenah ngarasa rugi, jumlahna ratusan rebu, sareng dirogahala, seueur jiwa anu leungit henteu puguh, ku ayana perbuatan, golongan pihak pribumi.
- Kaula mah yakin pisan, wani nyaksi ka Gusti Maha Suci, mo aya nu model kitu, komo kedah mergasa, mun Walanda63