Ieu kaca geus divalidasi
- henteu boga lampah palsu, ngahina ngaguna sika, ka pribumi nganyenyeri.
- Mun Kumpeni sinatria, sarta jujur lakuna tara licik, teu adigung gede hulu, ngabobodo minteran, pribumi ge ceuk emutan moal kitu, ngahaja rek ngaheureuyan, ngarogahala Kum- peni.
- Sanajan bangsa kaula, ku Kumpeni dianggap teu ngalarti, moal rek terus tumerus, daekeun diperdaya, sareng moal rek tetep sumuhun dawuh, da puguh bogaeun rasa, jeung ajen diri pribadi,
- 14. Pek galih ku Tuan Besar, sareng talek awak anjeun pribadi, keresa dikitu-kitu, mungguhing jelema mah. najan hina mo daek dihina batur, hayangeun bebas merdika, ngabogaan hak pribadi.
- Kakara nepi ka dinya, Dalem Ukur bade teras wawarti, nyariosna bade terus, rupana Tuan Besar, geus teu bisa ngampeuh napsu ngagugudug, geus ngagedor deui meja, nulak cangkeng muril kumis.
- Beungeut beureum jeung buringhas, tur huntuna kekerot mani ngancing, hohoak bari tutunjuk, majar teh kurang ajar, terus nangtung nyampeurkeun Dipati Ukur, nepi ka meh antel pisan, kana pangambung Dipati.
- Kurangajar maneh lancang, teu kaharti naha geus kumawani, ka kula geus ngomong kitu, bedegong tur cucungah, na teu nyaho yen maneh ayeuna hirup, na dampal leungeun kaula, moal bisa indit deui.
- Na maneh rek nyoba-nyoba, rek ngasaan jedorna pelor bedil, atawa hayang digantung, hukum picis nu beurat, na teu nyaho hukum perang masih laku, atawa ngalawan tandang, serah diri menta hurip.
- Kangjeng Ukur lajeng cengkat, imut manis bari mundur saeutik, terus neuteup beungeut musuh, nu jangkung gede pisan, lir ibarat Batara Rama nu ampuh, keur mayunan Dasamuka, mepes napsuna nu bengis.
- Tetela daya gaibna, linuhungna Pangeran Adipati, anu ngambek ngagugudug, jiga nu rek ngahakan, rek ngerekeb atawa
64