Ieu kaca geus divalidasi
- luncat rek nubruk, ngadadak jiga teu nangan, rampohpoy gek diuk deui.
- Diuk deui na korsina, renghap ranjug eungap kawas nu mengi, kesang badag kesang lembut, sirikna teu nyakclakan, ku lantaran bawaning ambek kapegung, kapepes ku pileumpeuhan, daya Pangeran Dipati.
- Pok ngomong leuleuy meueusan, ngan sorana ngadegdeg tacan rintih, sabab masih keneh napsu, teu acan leler pisan, omongna teh Pangeran Dipati Ukur, kuring neda pangampura, ti lahir dugi ka batin.
- Wirehing geus kalepasan, bet kalangsu henteu dpikir deui, kawantu kuring keur napsu, ngadak-ngadak amarah, teu katahan sanggeus emut bet kaduhung, ulah jadi rengat manah, mugi kersa calik deui.
- Dipati Ukur gek lenggah, ayem tengtrem mayunan musuh deui, nu napsuna rada turun, jiga nu kaisinan, Tuan Sepek enggalna terus mihatur, ayeuna mah rada sopan, teu cara keur tadi teuing.
- Sadayana kasauran, ku kaula memang oge kakuping, amung eta pamundut, mo rek kasaluyuan, margina mah Pangeran Dipati Ukur, tangtos iasa ngamanah, modalna geus seueur teuing.
- Sakawitna nu diduga, badanten teh kanggo Kangjeng Dipati, kapentingan anu husus, ulah nyandak Mataram, margina mah sadaya parantos malum, Mataram bade ngabawah, dijajah taya nu kari.
- Malah pamendak kaula, Pangeran ge tangtos langkung tingali, Parahiangan direbut, dijajah ku Mataram, na kumaha tetep bae bade taluk, Pangeran moal ngalawan, merdika ngurus pribadi.
- Dipati Ukur ngandika, ngawaleran teu kendat imut manis, kasauran anjeun kitu, moal bade dicempad, mung kaula ku anjeun lamun dituduh, patalukan ti Mataram, estu teu rumaos teuing.
- Womdening waktos ayeuna, ka Mataram ngabantu perang jurit, sanes dipaksa digusur, jalaran kawajiban, babarengan ka-
65