Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    rep rek ngagempur musuh, ngabela bangsa sorangan, nu ku deungeun rek dilindih.
  1. Naha teu aya emutan, yen Mataram mun unggul dina jurit, hak anjeun baris direbut, atawa digadabah, Tuan Sepek ngomongna jeung umat-imut, jiga anu ngalelewang, sangkan timbul rasa benci.
  2. Dipati Ukur teu robah, tetep tagen lajeng ngawaler deui, anjeun henteu kedah ngemut, eta urusan kula, Kumpeni mah henteu kedah ulubiung, montong ngiring ngingkilikan, eta urusan pribadi.
  3. Upami leres buktina, Mataram teh boga karep ngalindih, kula pribadi nu maju, kudu ngayonanana, ngabelaan milik turunan karuhun, keur ngajaga kahormatan, kaula moal rek risi.
  4. Mugi sing paos ngamanah, ulah lali Mataram ahli jurit, balad jeung gagaman cukup, tebih henteu saimbang, teu kahartos anjeun sanggem rek ngagempur, Tuan Sepek kitu pokna, nyacampah Kangjeng Dipati.
  5. Najan kitu sasauran, ku kaula moal panjang dipikir, tina hal ngagempur musuh, anjeun mugi uninga, moal ngengken Wangsataruna ge sanggup, haram rek minangsaraya, sok komo mun ka Kumpeni.
  6. Menggah soal kasanggupan, teu gumantung prajurit laksa keti, reana balad jeung pamuk, ranggetengna gegaman, keur kaula cukup sumangetna teguh, keur ngabela kahormatan, korban raga reujeung pati.
  7. Ih ari sayaktosna mah, Tuan Sepek ngomong jeung seuri leutik, Kumpeni hayang midulur, sareng ngajak mimitran, maksadna mah taya sanes hoyong nulung, rek ngajaga kalungguhan, bilih aya nu ngalindih.
  8. Supados aman santosa, Pangeran teh taya nu nyisikudi, taya nu ngaharu biru, malahan saterasna, bilih bae palay nyeueuran ngawengku, nambihan kakawasaan, Kumpeni singkil sayagi.
  9. Dalem Ukur ngawaleran, pamadegan ajeg teu lanca linci, anjeunna katingal bendu, pedah teras-terasan, geus dipukpruk diolo sangkan samiuk, tapi da geus kasakuan, maksud ngadukeun pribumi.

66