Ieu kaca geus divalidasi
- Dalem Ukur henteu galideur teu robah, malah serdadu tadi, anu nyarekelan, henteu dipirosea, anjeunna tetep ningali, ka Jendral tea, pok nyaur sarta rintih.
- Soantenna rada ngadegdeg meueusan, ku tina bendu galih, geus henteu kawawa, ari pok teh saurna, na kula teh rek dipeuncit, dirogahala, ku anjeun anu bengis.
- Na anjeun teh teu uninga subasita, tata hukum prajurit, atawa ugeran, aturan peperangan kula teh ka dieu indit, tumut pangersa, pamundut ti Kumpeni.
- Nu maksadna ngayakeun babarempagan, palay ngeu reunan jurit, teu aya hasilna, pasalia kahayang, lajeng bet lepat pamilih, nahan jelema, teu nganggo hukum adil.
- Dasar Sepek jelema kasar budina, disanggah ku Dipati, tibatan rumasa, kalah ngumbar amarah, ngomongna kasar teh teuing, sawenang-wenang, kawas lain pamingpin.
- Kurang ajar maneh tong loba carita, hukuman ti Kumpeni, maneh rek ditahan, keur eusi kamar gelap, bongan bedegong kumaki, wani ngalawan, henteu nurut ka kami.
- Gancang nitah ka serdadu nu duaan, sangkan mawa Dipati, dibawa ka luar, sarta teras ditahan di kamar gelap nu sempit, ka pangberokan, kana sel mun kiwari.
- Dalem Ukur barang ngaraos bahuna, ku duaan ditarik, ngadeg lalaunan, jiga nu rek sumerah, saurna dasar si kapir, jelema kasar, teu kaop meunang angin.
- Dalem Ukur rikat alah batan kilat, ngajejek meja tulis, sakitu gedena, tina bedas-bedasna, meja nepi ka tibalik, gubrag nindihan, ka nu calik na korsi.
- Tuan Sepek boga rasa aing meunang, meruhkeun Adipati, mani kokosehan, katindihan ku meja, labuhna munggah ngaguling, reujeung korsina, gerang-gerung ku nyeri.
- Nu duaan serdadu geumpeur pohara, nenjo Jendral tiguling, katindihan meja, kadenge gegerungan, ceurik kawas budak leutik, aduh-aduhan, ngarasakeun kanyeri.
- Nu saurang jigana rada tangginas, gasik ngecagkeun bedil, singkil muru Jendral, kek kana suku meja, maksudna arek diarik, henteu kabawa, mejana beurat teuing.
68