Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Bari nyaur serepet mesat wangkingan, keris pusaka sakti, nelah Culanaga, mani ngempur pamorna, ti Gunung Lumbung pangwaris, Eyang Buyutna, Sunan Dampal Suwargi,
  2. Kapten bengong nenjo pamorna pusaka, laleuleus tulang sandi, rampohpoy teu nangan, teu aya pangawasa, ku perbawa eta keris, si Culanaga, hurung lir seuneu badis.
  3. Manehna teh maksakeun undur-unduran teu lesot neuteup keris, anu masih ngabar, najan ngarasa serab, asa gejos bae niir, kana dadana, bakating gigis miris.
  4. Jendral Sepek nenjo Kapten kitu peta, olohok henteu ngarti, tuluy bae cengkat, jung nangtung lalaunan sigana rek nyokot bedil, deukeut manehna, Suranangga caringcing.
  5. Kerewek teh dicekel lebah dadana, didedetkeun sakali, teu majar kumaha, da leungeun ngan sabeulah, sabeulah deui teu usik, potong karasa, gek bae diuk deui.

Kinanti

  1. Pangaruh Dipati Ukur, jero kamar jadi jempling, wibawa jeung komarana, anu panas jadi tiis, Jendral Sepek teras lenggah, ngahuleng jiga nu mikir.
  2. Kapten kawas nu ngalindur, ngised ngadeukeutan korsi, ninggangkeun maneh diukna, beungeut pias kawas mayit, panon neuteup Culanaga, ngabar keneh matak gigis.
  3. Walanda galede jangkung, geumpeur hatena jejerih, perbawana Culanaga, robah panenjo nu miris, geus kalabur pangacian, tambah kakeueung karisi.
  4. Anu katenjo teh wujud, sidik mahluk nu ngajirim, tetela bet oray naga, gedena leuwih ti misti, sungutna Cacalawakan, sihungna paranjang lancip.
  5. Letah beureum siga hurung, ambekan kadenge tarik, disada mani hoshosan, tina sungut seuneu bijil, tambah rehe jero kamar, teu beda jeung tengah peuting
  6. Jendral Sepek langkung bingung, luak-lieuk mangsarmingsir, nepi ka hese ngambekan, bakating ku henteu ngarti, antukna haharegungan, mapaler sieun jeung nyeri.
  7. Pangeran Dipati Ukur, ngalebetkeun deui keris, geus

70