Ieu kaca geus divalidasi
- manjing kana warangka, naga leungit tanpa lebih, lajeng bae sasauran, kaula bade wawarti.
- Jendral Sepek teh ngaranjug, Kapten oge kitu deui, kawas nu keur sare tibra, kagebrag korejat nyaring, ngagisik panon bray beunta, luak lieuk asa ngimpi.
- Mugi keresa ngadangu, sareng sing paos ngagalih, rek ngasongkeun pamaksadan, idin teu idin rek indit, mulang ka tempat sorangan, balad kuring bisi nganti.
- Di jalan ulah diganggu, kaula arek meredih, sangkan Kapten nu nyarengan, sing dugi ka tepis wiring, ti dieu ka pertahanan, kaula kudu diaping.
- Jendral teh kawas ngalamun, ngahuleng teu weleh mikir, mandeg mayong hate waswas, rek ngidinan hemar-hemir, rek henteu sieun nu aya, ahirna mah pok wawarti.
- Sumangga Dipati Ukur, upami ngersakeun mulih anggo deui tutunggangan, kareta milor nu tadi, tilas mapag waktos angkat, pamugi ulah rek risi.
- Sajeroning ngomong kitu, hatena mah timbul dengki, jahat rek ngarah ngarinah, maksud nipu ka Dipati, dasar nu ahli pirasat, ku Dipati geus kasurti.
- Anjeunna teu lami nyaur, bari mencrong ka nu dengki, Jendral Sepek boga rasa, karacam keureuceum isin, ngadegedeg jeung samar cabak, ngadengekeun nu wawarti.
- Anjeun poma ulah hasud, kagungan manah rek dengki, ngajalankeun tipu daya, nu ahirna matak nyeri, ka nu rek milampah salah, tamiang meulit ka bitis.
- Keur kaula henteu bingung, upami rek gawe dengki, mun anjeun rek ditelasan, mo aya nu nyisi kudi, tapi moal dipilampah, ingkar ti papagon jurit.
- Jendral Sepek beuki bingung, rea kasieun karisi, sarta ngarasa wiwirang, dumeh atina kajudi, kuram kireum semu era, rek dengki kacingcirihi.
- Pangeran Dipati Ukur, sing percanten ulah risi, nanggel mo aya gangguan, ti dieu ka tepis wiring, moal aya anu jahat, tetebiheun ti Kumpeni.
- Dalem Ukur nyundul saur, bari mesem imut manis, kula
71