Ieu kaca geus divalidasi
- teu mambrih ucapan, perjangjian ti Kumpeni, rek ngupingkeun kasauran, gegeden nu luhung budi.
- Tegesna nu lungguh timpuh, anu tigin kana jangji, pageuh pasang subayana, komo arek lanca linci, sacangreud pageuh teu robah, luncat mulang jalir jangji.
- Henteu lepat leres kitu, ceuk Sepek bari jeung seuri, sirahna angguk-anggukan, sumangga seja kairing, geura jengkar na kareta, sareng Kapten anu ngaping.
- Bari jeung nyarita kitu, Jendral Sepek ret ningali, ka Kapten teras marentah, supaya nyarengan gasik, sarta tuluy sasalaman, Dalem Ukur nyaur deui.
- Upami aya nu ganggu, nu jadi wadal kahiji, teu aya deui jelema, mung Kapten moal sak deui, dina aya kajadian, ulah ngalepatkeun kuring.
- Bada sasauran kitu, lajeng bae Adipati, sasarengan ka laluar, pangpayunna diariring, ditema ku Suranagga, Kapten anu ti pandeuri.
- Jendral Sepek henteu kantun, ngiring ngajajapkeun deui, tapi ngan nepi ka latar, ti dinya mah balik deui, geus cut-cat kana kareta, nu marulih geus giridig.
- Pangeran Dipati Ukur, jeung Kapten henteu patebih, calik ngarendeng di tukang, bari ngobrol suka seuri, nyarioskeun kajadian, silih tempas pili-genti.
- Pilahir Dipati Ukur, geuning kaula teh tadi, kungsi nyarita ka Jendral, mun seug dina waktu balik, di jalan aya gangguan, anjeun wadal nu kahiji.
- Nu matak nyarita kitu, taya sanes keur ngajagi, bok anjeunna gaduh tekad, ngalejokeun niat dengki, dibawa kana kareta, tuluy kula dinyenyeri.
- Kapten ti dinya mihatur, nyaritana bari seuri, kahartos tur leres pisan, kasauran Adipati, malahan dina hate mah, memang saluyu teh teuing.
- Pangeran Dipati Ukur, sing percanten tong digalih, salami diperjalanan, ti dieu ka tepis wiring, moal aya kajadian, estu nanggel jisim kuring.
72