Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Pucung

  1. Henteu lila kareta milor geus cunduk, ka benteng geus datang, benteng pertahanan Kapten tur datangna salamet, taya gangguan.
  2. Dalem Ukur geus dihaturanan lungsur, dicalikkeun heula, diangken di kantor Kapten, bari ngantos kuda keur titihanana.
  3. Sabot ngantos kudana anu dikantun, rengse didangdanan, raos ngaleueut jeung Kapten, selang-selang ku obrolan mani gepyak.
  4. Sanggeus kuda ngajagrag aya di payun, anjeunna pamitan, lajeng permios ka Kapten, nganuhunkeun kana kasaeanana.
  5. Sawangsulna Kapten oge ngucap sukur, kana kasaean Dipati Ukur nu soleh, sasalaman ngawilujengkeun nu jengkar.
  6. Bet ngalengis Kapten ka Dipati Ukur, pokna ku hanjakal, naha make kudu getreng, jeung pareheng urang terus mumusuhan.
  7. Eta kecap diwaler ku Dalem Ukur, nu kieu saurna, memang leres ngan urang teh, da geus kieu teu bisa majar kumaha.
  8. Sami-sami ngajalankeun gawe luhur, hiji kawajiban, anjeun ge sarua bae, jeung kaula keur ngabela hak sorangan.
  9. Suranangga sinareng Dipati Ukur, jengkar nitih kuda, muru pasanggrahan bae, nu pernahna ti Cihaliwung teu anggang.
  10. Sajajalan pasukan anu narunggu, anu geus disebar, di tempat nu geus kaereh, ku anjeunna imeut kabeh.
  11. Dipariksa bok aya bancang pakewuh, halangan harungan, ti musuh nu arek goreng, nu ngadukeun antara urang jeung urang.
  12. Rentang-rentang Dipati Ukur rek cunduk, ger bae sarurak, bawaning ngarasa atoh, ku lantaran asalna nyangka katawan.
  13. Para Cutak-Ngabehi mapag ka payun, cung-cong marunjungan, kabeh pada mikasono, tur parangi wedih asih ka dunungan.
  14. Sadayana di pasanggrahan ngariung, keur
    73