Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    an, ka dunungan nu karek jol, tas patroli pendek jeung Jendral Walanda.
  1. Ku Dipati dipariksa anu husus, saurang-saurang, laporan anu tetela, kaayaan pasukan-pasukanana.
  2. Mariksana lain bae hal bertempur, tapi kasehatan, sandang pangan bahan poko, anu penting sumanget kaprajuritan.
  3. Sanggeus rengse laporan dianggap cukup, nembean miwarang, ka Suranangga ngadongeng, nyaritakeun sagala nu karandapan.
  4. Suranangga bubuhan jelema luhung, tur ahli carita. dibarengan peta hade, nu ngupingkeun pohara pogoteunana.
  5. Sarerea gogodeg jeung tingarangguk, hareraneun pisan, diselang ku tingkalecrek, dibarengan maruji ka Nu Kawasa.
  6. Satutasna Suranangga pok misaur, mungguhing satria, anu leber ku wawanen, dibarengan kasantikan kajatmikan.
  7. Iasaeun meruhkeun anu keur napsu, tur angkara murka, amarah sareng wewesen, musuhna teh neyektek teu walakaya.
  8. Saterasna ditema ku Dalem Ukur, memang leres pisan, namung ulah petot-petot, pangjaringna Pangeran anu diteda.
  9. Sarta muntang kana pangraksa Nu Agung, Pangeran nu jembar, Anu Murbeng Alam kabeh, sangkan urang kenging Rahmat ti Mantenna.
  10. Asal urang ngabogaan tekad jujur, suci turta iklas, keur ngabela umat kabeh, Insya Allah ku Anjeunna diijabah.
74