Ieu kaca geus divalidasi
VII. NGANTUNKEUN MEDAN JURIT
Magatru
- Tunda heula Pangeran Dipati Ukur, nu aya di medan bakti, ngagempur balad Mur Jangkung, ayeuna malikan deui, tatar Ukur kacarios.
- Kacarios kaayaan Tatar Ukur, sanggeusna Kangjeng Bupati, sareng prajurit ngarantun, kurang leuwih dua sasih, rahayatna teh ngagero.
- Ti Mataram ditetepkeun tatar Ukur, jadi gudang bahan penting, pikeun kaperluan pupuh, bekel jeung pakarang jurit, Dipati ge sapagodos.
- Ti barang ger di Batawi perang campuh, daratang ti mana mendi, carunduk ka tatar Ukur, mawa beas lauk asin, cadang teda ngadu rempon.
- Nu daratang lain ti Mataram wungkul, sakur nu ngirim prajurit, Tegal Pakalongan Kedu, Banyumas jeung Selaawi, ti beulah kulon ge anjog.
- Ngan nu nampa jeung nu ngatur keur di Ukur, menak Mataram nu mingpin, dina aya pangabutuh, sok mareuli ka pribumi, kayaning kere jeung endog.
- Anyaran mah karasana memang jujur, boh tukeur boh make duit, tara pisan daek palsu, ngarah ngarinah nu leutik, malah jeung rayat teh galo.
- Lila-lila semah teh jadi adigung, karumaki ieu aing, boga angkeuh bakal ngurus, Priangan arek dipingpin, kudu tunduk sembah jongkok.
- Rahayat teh ngarandapan susah hirup, ku semahna geus dilindih, ka Mataram kudu nurut, maksa mirusa pribumi, kumawasa kokorowot.
- Turug-turug pribumi ngantunkun lembur, lolobana ngiring jurit, nu aya wanita wungkul, ditambih ku aki-aki, nu barongkok tingraroyoh.
75