Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Ki Semah teh lakuna sakarep ingsun, lamun menta kudu bukti, sok rajeun aya nu nanduk, ngan temahna matak sedih, disiksa terus diberok.
  2. Ditandasa teu beda jeung ka nu burung, dinyenyeri dipeupeurih, dituduh pangasut lembur, nu ngahiji jeung Kumpeni, putusan ti Ronggonoto.
  3. Rahayat teh seueur pisan nu arusul, marek ka Juragan Patih, ka wakil Papayung Agung, tapi henteu mawa hasil, da anjeunna oge dongkol.
  4. Anjeunna teh manahna ewed kalangkung, estuning teu aya aji, katambih parantos sepuh, teu aya geusan badami, arek nyanggah teu kaerong.
  5. Kapalana nu kawasa ngurus ngatur, anu ngakukeun pamingpin, cadang teda keur ka payun, nu katelah Senapati, Adipati Ronggonoto.
  6. Nu baheula ceuceub ka Dipati Ukur, nu maraos moal lali, nalika Dipati Ukur, di Mataram nuju ngabdi, jaman anjeunna keur anom
  7. Iau pisan nu nyontoan henteu puguh, sagala kumaha aing, boga rasa paling luhur, kawasa jadi pamingpin, ka batur ngan haok hamprong.
  8. Talajakna teu paya nenjo nu alus, dipentaan teu dibeuli, ka ditu ka dieu ngutus, neangan mojang nu geulis, piselireun nu daronto.
  9. Teu diturut Ronggonoto pasti bendu, wani nyiksa nganyenyeri, gawena ngalajur napsu, cunihin seneng ka istri, teu kaop nenjo nu denok.
  10. Hiji mangsa dideuheusan ku sesepuh, nyaeta Juragan Patih, dipunjung sarta dijungjung lantip nyelapkeun wawadi, tapi kalah ka ngadolos.
  11. Ronggonoto pantesna mah kudu sukur, sabalikna bet jejebris, gantawang manehna bendu, nyarekan beak beresih, teu nganggap pisan ka kolot.
  12. Basana teh bari nangtung jeung tutunjuk, bisi sampean teu ngarti, kami teh ku Sultan Agung, geus diangkat Senapati, di
76