Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    Pasundan keur kokolot.
  1. Keur marentah sakabeh para pangagung, atawa para Bupati, ka sing saha nu teu nurut, sumawonna pangkat Patih, kami kawasa keur mocot.
  2. Jeung na deui Patih teh can nyaho kitu, dunungan maneh nu indit, si Wangsataruna Ukur, eta teh badega kami, tukang kuda di Karaton.
  3. Mun manehna masih keneh aya umur, ka dieu heug balik deui, ku kami baris ditundung, rek diusir sina indit, di dieu ulah ngarongrong.
  4. Kudu nyaho ku lantaran Dayeuh Ukur, rek dijieun tempat kami, Kadaleman pikeun matuh, teu meunang disisi kudi, geus aya idin Karaton.
  5. Ngadangukeun omongan nu sugal kitu, manahna Juragan Patih, mentegeg manah hanjelu, henteu asup ngawawadi, rek ngalawan teu wantun srog.
  6. Arek nyanggah kumaha peta teu sanggup, taya pikeun batur wani, nu satia wantun nulung.lieuk deungeun lieuk lain, Nagara keur disorobot.
  7. Henteu tahan nandang kapeurih kawuyung, jung anjeunna jengkar mulih, ciso ca munggah murubut, nangis bawaning ku nyeri, jung ngantunkeun Ronggonoto.
  8. Ronggonoto jalang-jeleng ngaler ngidul, nulak cangkeng muril kumis, ieu aing uyah kidul, mo aya nu kumawani, nu ngalawan diborogod.
  9. Harita ge manehna aya di luhur, geus ngeusian Srimanganti, padaleman Kangjeng Ukur, ngandih Juragan Dipati, sina ngalih ti Pendopo.

Kinanti

  1. Juragan Patih nu wuyung, ti Srimanganti teu mulih, ka gendeng anjeunna nyimpang, nepangan ka Dalem Istri, kasondong sareng putrana, ngaos Kur'an kitab Suci.
  2. Ti sabadana dikantun, ku Pangeran Adipati, damelna netepan hajat, sareng ngaos kitab Suci, disarengan ku kanaat, henteu kendat nyenen kemis.
77