Ieu kaca geus divalidasi
- Diselang-selang ngawuruk, putra pameget sasiki, diwurukan tata hormat, sopan santun maca nulis, sakapeung mah bab agama, bubuhan istri binangkit.
- Jurusimpen nu satuhu, estu sumujud gumati ki Mardawa jeung bojona, salamina bela pati, wedi asih ka dunungan, sagala ngarti pribadi.
- Beurang peuting saban waktu, maranehna sering kemit, ngabeberah ka dunungan, tembang lagu jawa kawi, diselang ku dodongengan, lalakon di Majapait.
- Putrana nuju diwuruk, kurutak Juragan Patih, gancangna dihaturanan, geura-geura sina linggih, Juragan Patih geus lenggah, katingal alum tur sedih.
- Ningali pameunteu alum, Juragan Istri Dipati, mani sumeblak lumenyap, emuteun ka nu keurjurit, memeh lenggah geus teu sabar, mariksa Juragan Patih.
- Mamang Aria Tumenggung, kaula ngaraos risi, sareng kalintang reuwasna, tara-tara ti sasari, katingal bet mesum pisan, aya naon nu digalih.
- Boa kenging wartos rusuh, nu katampi ti Batawi, Juragan Patih dareuda, ngawaler ka Enden Sari, mugi Juag ageung manah, tong dianggo runtik galih.
- Menggah nu di medan pupuh, Kangjeng Pangeran Dipati, ginanjar kawilujengan, aya dina Rahmat Gusti, malahan majeng perangna, lebet ka kota Betawi.
- Muji sukur ka Nu Agung, mugi saterasna ngaping, nanging tetep keneh heran, kawas aya nu digalih, rupi nu ngandung kasesah, perkawis nu matak sulit.
- Leres pisan Juag kitu, Mamang tegesing prihatin, sesah nu taya hinggana, ningal rahayat careurik, diperes harta bandana, dongkap ka ledis teu kari.
- Sumuhun kakuping kitu, ayeuna teh nuju werit, nampi wartos ti Mardawa, rahayat ripuh ngajerit, dirarad harta bandana, ku semah nu rendah budi.
- Emutan ku naon atuh, semah jahat ka pribumi kawasa sawenang-wenang, jati kasilih ku junti, bet kawas ka patalukan, nu kudu mayar upeti.
78