Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Pok ngalahir bari bendu, sowantenna ngoncrang tarik, tembong dangong komaraan, sanajan geus aki-aki, teu ngompod popoyongkodan, neuteup ludeung ka Dipati.

Asmarandana

  1. Aeh-aeh Adipati, kutan teu boga cahara, teu permisi bet norojol, teu aya bema karama, laku sawenang-wenang, nyaur teu diukur-ukur, nyabda teu diungang-ungang.
  2. Kaula teh Pangkat Patih, lain pakacar sampean, dunungan keur ngadu rempon, teu cara anjeun loyogna, ukur daek raranjah, batur mah keur perang campuh, ari anjeun kitu peta.
  3. Nguping kasauran Patih, anu sakitu peureusna, Adipati Ronggonoto, sewot lain dikieuna, gancang nitah rencangna, hohoak bari tutunjuk, popolotot bari nyentak.
  4. Eh mantri tah aki-aki, gancangan bawa ka luar, ulah diantep ngabacot, pek paksa tungtun kumisna, lamun wani ngalawan, pek tampiling terus gusur, sabab tuman bisi nular.
  5. Kerewek Juragan Patih, ditarewak ku duaan ka luar teras disered, bari pada nareplekan, henteu aya rasrasan, padahal eta teh sepuh, enggeus euweuh kakuatan.
  6. Kangjeng Istri ret ningali, Juragan Patih dihina, teras lungsur tina amben, ngadeg caket pangcalikan, teuneung ludeung tur tandang, manah bendu ngagugudug, raos ditincak mastaka.
  7. Pok ngalahir tarik bengis, kawas pameget hohoak, salira mani ngadegdeg, saurna aeh Ki semah asa kabina-bina, ngadolos sakarep ingsun, campelak teh pameakan.
  8. Itu teh Juragan Patih, wakil caroge kaula, lain semah nu keur ngendon, lain wilayat sampean, ulah kena kawasa, ieu aing jadi pamuk, tindakan sawenang-wenang.
  9. Ronggonoto pok ngalahir, ngawalonan lalaunan, bari seuri hahah-heheh, lir nu nyimbutan kaera, euleuh geuning panutan, nu geulis iasa bendu, bedangna ge matak nyaah.
  10. Matak kairut katarik, kagoda matak kagendam, dasar mustika Karaton, kawentar mojang Priangan, keur geulis bisa dangdan, najan bendu tetep lucu, matak kairut nu ningal.
  11. Aya lalaki cunihin, nurus tunjung matak cua, ngomong
80