Ieu kaca geus divalidasi
- sakacumplang-campleng, kawas taya pisan terah, ngaku mah aing menak, kaula dianggap ungkluk, cacah rucah atah warah.
- Kaula garwa Dipati, naha anjeun henteu apal, teu aya ajen pangajen, abong kena ka wanita, anu kurang dayana, bengkung irung napsu mangprung, anjeun teu boga wiwaha.
- Diseukseukan kalah seuri, estu teu boga kaera, ngahajakeun lalal-lelel, jugrah-jigrah ngadeukeutan, jiga Rahwana meta, sura-seuri lir nu burung, latam-letem teu uyahan.
- Juragan Dipati kesit, anjeunna undur-unduran, nyaketan lawang ka jero putrana dasar calakan, nyampeurkeun ka ibuna, nyekel panangan ti pungkur, bari enggal sasauran.
- Kawas buta ragag-rigig, abdi mah sieun dihakan, Ibu naha eta naon, mangga enggal urang lumpat, lebet ka kajuaran, bilih ngarontok ka Ibu, kuriak engke ngaruksak.
- Ronggonoto ngomong deui, bari teras ngadeukeutan, ih puguh Kakang ge nyaho, Enden Ayu teh garwana, Raden Wangsataruna, Pangeran Dipati Ukur, nu ayeuna eukeur perang.
- Eta mah Dipati leutik, Dipati teu cara Kakang, Dipati nu paling gede, katurunan ti Mataram, Majapait asalna, rundayan Ratu linuhung, menak terah kasultanan.
- Wangsataruna mo balik, ka dieu mo bakal mulang, tatar Ukur geus diereh, ku Panembahan Mataram, dipasihkeun ka Kakang, kalawan engke ka payun, nya Kakang nu jadi Raja.
- Anu baris nyakrawati, nu ngageugeuh tatar Sunda, tumurun ka seke seler, nya eta turunan Kakang, nu matak lamun kersa, ku Kakang bade didahup, keur Ratu Padmi kadua.
- Kocap Juragan Dipati, bakating bendu nambalang Adipati Ronggonoto, meugeus tong terus ngabamblam, agul diri sorangan, lamun bener teureuh luhung, jung balik geura ka luar.
- Kaula teu sudi najis, imah diteker sampean, haram geus ka dieu nete, kaula teh henteu suka, ku sampean dihina, nganggap jelema teu puguh, kaula mo pecat iman.
- Ronggonoto lir nu nyeri, ditampik sapajodogan, timbul napsuna nu goreng, boga karep hate jahat, rek make kekerasan, teu nurut ku lemah lembut, lalaki teu beak akal.
- Ceuk hatena soal sipil, teu ku lemes ganti paksa, teu81