Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    pira ukur awewe, tangtuna ge moal gagal, dianggap geus biasa, pok ngomong jeung umat-imut, meruhkeun hate nu bedang.
  1. Alah kutan anu geulis, ka pun Engkang wantun bedang, wani nampik ngagogoreng, jeung wantun ngusir sagala, ka pantaran pun Kakang, naha teu sieun kaduhung, mun ku Kakang ditandasa.
  2. Bari ngomong muril kumis, ka hareup ised ngalengkah, lahak-lehek jeung gumasep, ngadeukeutan lalaunan, arek nyekel panangan, Enden Sari anu lucu, teger teu seepeun akal.
  3. Ku nu geulis geus kajudi, Ronggonoto bade jahat, bari mundur bet kareret, sisi amben tempat ludah, anu tina kuningan, kajurung ku manah bendu, kerewek bae dicandak.
  4. Dibaledogkeun sakali, ku napsu nu hayang puas, kana sirah Ronggonoto, mani ngagelentrang pisan, ninggang kana cepilna, Ronggonoto teh ngudupung, mokaha bae nyerina.
  5. Burah-bareh bijil getih, anggoan pinuh ku luah, Ronggonoto gera-gero, pok nyalukan ka rencangna, nu masih di laluar, anu ngaraponan sepuh, Juragan Patih Aria.
  6. Barang nguping nu ngajerit, nya eta dununganana, nu keur nyuuh kana amben, nahan kanyeri kaera, wirang kabina-bina, geus kitu gancang diburu, ditulungan ku rencangna.
  7. Bari mamawa gegendir, rek ngabelaan dunungan, Mardawa bijil ti jero, haruhah-harehoh lumpat, muru nu jejeritan, sanggeus Ki Mardawa cunduk, nu lucu ageung manahna.

Sinom

  1. Anu keur ditarulungan, ku Nden Sari teu ditolih, enggal lebet jeung putrana, Ki Mardawa anu ngiring, meundeutkeun panto gasik, ditulakan rekep nutup, teras haharewosan, Mang Mardawa ati-ati, nahan panto bisi diteumbrag ti luar.
  2. Ayeuna ulah leleda, urang buru-buru indit, sabab Ronggo jeung baturna, ingetan mo salah deui, di dieu moal cicing, murugul maraksa asup, urang jalan ka tukang, norobos ka lawang kori, kudu gancang bisi diudag ririwa.
  3. Ki Mardawa ngawalonan, sanggemna sumangga ngiring, urang enggal bae jengkar, nyandak panganggo keur salin,
    82