Ieu kaca geus divalidasi
- kocap Ronggo teh lilir, ngareret panto geus nutup, marentah pangiringna sangkan panto muka deui, tinggaledor tapi pageuh henteu muka.
- Sabot Dipati bebenah, ngumpulkeun candakeun ngungsi, nu dibantu ku Nyi Samah, Ki Mardawa pok wawarti, sorana rada tarik, nu di luar sangkan nunggu, cenah antos sakedap, tulak macet mani ngancing, sing salabar rek nyokot panyungkal heula.
- Ceuk musuhna nu ti luar, basana tong lila teuing, mun leleda rek diteumbrag, anu beberes tarapti, buntelan dijaringjing, anggoan anu perelu, jeung barang perhiasan, nu marundel sarta rikip, teu talangke rerencepan geus arangkat.
- Dangdosan teu matut pisan, da rusuh sok asal buni, beubeur leupeut disinjangna, patrem nyelap dina angkin, angkat pairing-iring, sarta salampat sulumput, bari nungtun putrana, ngabujeng ka lawang kori, kabeneran harita teh geus reupreupan.
- Barang enggeus ka laluar, barijil ti lawang kori, nembe ngaraos lugina, manah teu hariwang teuing, leupas tina balai, nyingkahan jelema burung, liren bari. ngamanah, sarta ngaleng murangkalih, teras calik ngareureuhkeun palay heula.
- Anjeunna pok sasauran, harewos teu pati tarik, Mang Dawa kumaha peta, ka mana urang nya nungsi, ari rek mulang deui, narah patepung jeung musuh, atuh meureun sarua, kaula nyebakeun diri, jeung kitu mah leuwih hade mileuweungan.
- Ku emutan leres pisan, kedah angkat bae ngungsi, upami teu kersa jengkar, tangtos mo sepi karisi, abdi Dalem aringgis, teras-terasan diganggu, ku lawan nu ianat, Ronggonoto Senapati, langkung sae urang ngabujeng Mas Arsa.
- Dampal Dalem mah ngantosan, di Regol da moal lami, pisanggemna Ki Mardawa, naha Mamang rek ka mendi, kaula asak mikir, kumaha mun urang terus, ngajugjug Batulayang, saur Juragan Dipati, putrana mah ngahenen teu sasauran.
- Pisanggemna Ki Mardawa, kinten pindo damel deui, emutan ge kitu pisan, mung permios neda widi, sakedap moal lami, bade aya nu dibantun, ngabantun kuda tunggang, tutunggangan nu maranti, Dampal Dalem henteu repot angkat nyayat.
83