Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Jung atuh ari kitu mah, kade panggih jeung nu dengki, didagoan di Mang Arsa, saur Juragan Dipati, bari jung jengkar deui, diiringkeun ku pangasuh, angkatna rada enggal, Mang Arsa anu diungsi, wilayatna anu dipisepuh pisan.
  2. Ki Mardawa henteu lila, ti istal geus balik deui, nungtun dua kuda tunggang, ka buruan. Arsa tepi, diselaan tarapti, Mardawa terus miunjuk, yen Ronggono to angkat, geus mulih ka Srimanganti, ngan ponggawa tingalasruk nareangan.
  3. Geus beres sasadiaan, kocap Juragan Dipati, nitih kuda jeung putrana, Nyi Samah anu pandeuri na kuda hiji deui, kuda umbal gede jangkung, Ki Mardawa badarat, ngagandeng kuda Dipati, Mas Arsa mah ngan jajap nepi ka jalan.
  4. Arsa ngomong dumareuda, bojona mah mani ceurik, atena meureun ngahelas, dikantun ku nu miasih, pok ngomong bari sedih, ngaraos abot dikantun, mugi-mugi Pangeran, Anu Sipat Rahman Rahim, Dampal Dalem wilujeng di perjalanan.
  5. Henteu lila geus ka luar, ti Dayeuh ka tepis wiring, taya halangan harungan, katambih langit beresih, benteng patingkaretip, caang bulan mani ngempur, tanggal opat welasna, ti wetan moncorong bijil, hawa gunung karaosna nimat pisan.
  6. Teu kacatur di jalanna, wanci subuh geus sarumping, ibu ramana geus gugah, harita mulih ti cai, ngadangu nu sarumping, enggal muka panto payun, barang bray panto muka, putra-putu katingali, gerewek teh ibuna nyaur putrana.
  7. Euleuh-euleuh anak urang, ibuna ngarontok nangis, saur Eyang pamegetna, astagpirullahhaladzim, geuningan incu Aki, putra ngagabrug ka Ibu, putu dirangkul Eyang, lajeng lalebet ka bumi, caralikna paungku-ungku opatan.
  8. Sepuhna hemengeun pisan, dumeh putra-putu sumping, tanpa iber ti awalna, sanggeus leler Enden Sari, daradad pok wawarti, gemet taya nu kalangkung, pangna tanpa larapan, tumorojog bae sumping, geus dihina ku Semah urang Mataram.
  9. Keur Ibuna sasauran, putrana nyegrek teu lilir, dina pangkonan Eyangna, ari kituna mah pasti, da puguh murangkalih, lalampahan ti nu jauh, moal boa mopona, alusna henteu ngarungsing, teu kakuping nangis tengah perjalanan.

84