Ieu kaca geus divalidasi
- Satutasna sasauran, Enden Sari pangna mulih, Ramana pok sasauran, deudeuh teuing anak aing, nuhun anjeun Eulis, salamet ka dieu cunduk, cicing bae jeung Mama, ka Dayeuh tong balik deui, salamina Kang Dipati can mulih mah.
- Geus kitu nyaur Mardawa, di tukang siduru tiris, nu keur ditanggap dongengna, diriung gundal pribumi, Nyi Samah oge ngiring, barang srog maju ka payun, Cutak Sepuh mariksa, kaula geus mireng warti, tah ayeuna kumaha karep Mardawa.
- Ki Mardawa ngawalonan, pokna maksad jisim kuring, rek mios ka Jayakarta, nepangan Kangjeng Bupati, sanajan ka nu tebih, piraku mo bisa cunduk, nerangkeun kajadian, di Dayeuh Ukur kiwari, keur tunggara diranjah urang Mataram.
- Bener rempug kitu pisan, iraha awak rek indit, ngan kumaha di jalanna, rek mawa batur nu ngiring, emutan jisim kuring, bade sorangan ka ditu, moal nganbantun rencang, upami Gamparan widi, pimioseun bade engke pasisiang.
- Heug bae mun geus reureuh mah, taya halangan rek indit, didoakeun ku kaula, ka Batawi gancang tepi, ulah panggih balai, atawa bancang pakewuh, bekel mawa sing loba, ulah nepi ka teu mahi, omat pisan nyiar tedaeun di jalan.
- Wanci lohor geus jung miang, ti Batulayang geus indit, Ki Mardawa tumpak kuda, katembong gede kawani, maksudna arek nyungsi, arek nyukcruk nutur galur, raratan balad Sunda, anu keur ngusir Kumpeni, nu ngajajah Nagara Sundakalapa.
- Anggang hamo burung datang, tebih ge mo burung tepi, aya sapuluh poena, Ki Mardawa kocap nepi, ka tempat nu disungsi, pasanggrahan Kangjeng Ukur, Raden Wangsataruna, dunungan nu mikaasih, nu mamawa ka manehna ti Mataram.
- Waktu eukeur ngadeukeutan, ka pasanggrahan Dipati, satengahing perjalanan, kungsi amprok jeung prajurit, ampir saregu leuwih, di leuweung keur tingalasruk, horeng balad Mataram, maranehna pok wawarti, ti Batawi enggeus bubar katawuran.
- Balad Mataram geus ruksak, diserang balad Kumpeni, loba pisan nu binasa, nepi ka nemahan pati, katambih ku panyakit, babakuna ku pagebug, panyakit malaria, tipes kolera disentri, turug-turug ngarandapan kalaparan.
85