Ieu kaca geus divalidasi
- Matak sedih Panglimana, wawakil ti Sri Narpati, Adipa Bahureksa, katut putrana sakalih tiwas di medan jurit, katingkep ku pihak musuh, nuju dipasanggrahan, dikepung balad Kumpeni, sadayana kasambut di medan perang.
Pucung
- Ki Mardawa ka pasanggrahan geus cunduk, ku pasukan Sunda, diaku dipikasono, ku lantaran geus warawuh sarerea.
- Geus kitu mah tepung jeung Dipati Ukur, nuju masamoan, jeung para pamingpin gede, jeung kumandan para kapala pasukan.
- Ki Mardawa anggang keneh geus disaur, geus dihiap-hiap, ku tina bawaning sono, palay enggal uninga putra garwana.
- Ki Mardawa mendeko diuk di payun, gancang dipariksa, manehna teras nyarios, imeut pisan henteu aya nu kaliwat.
- Dina lebah kakejeman pihak tamu, kabeh nu araya, nepi ka wani kekerot, ku bakating careuceub geuleuh ka semah.
- Sumawonna lebah semah geus murugul, Juragan Aria, Juragan Dipati oge, geus dihina arek dipaksa pirusa.
- Sarerea ejegeler jung narangtung, tur ngedalkeun kecap, amarah napsu nu goreng, nu maksadna Ronggonoto kudu beunang.
- Ki Mardawa barang nyaritana tutup, gorgodeg sadaya, Dipati ngaheneng bae, keur ngamanah jalan pipetaeunana.
- Mani nyacas dina paningalna kalbu, yen rahayat Sunda, nandangan sangsara repot, ditandasa ku semah nu keur ngaranjah.
- Barang emut ka garwana nu dikantun, sinareng putrana, dihina ku Ronggonoto, jeung kapaksa kedah ngantun padaleman.
- Ti dinya mah anjeunna teh pok misaur, cing kula rek nanya, kumaha pipetaeun teh, terus perang atawa ngabela rayat.
- Suranangga ngawalon anu tipayun, ngageter sorana, bari tembong popolotot, teu ngahiding keur nyarita jeung dunungan.
- Ku emutan langkung sae enggal wangsul, teu aya
86