Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    nana, ngabantuan Mataram ge, da rahayat geus diruksak ku ba- turna.
  1. Pangna urang suka rela iklas tarung, ngarurug Walanda, ngandung maksad anu hade, sangkan urang teu diranjah ku nu lian.
  2. Buktina mah hanas urang milu nempuh, kalah ka dihina, ku Dipati Ronggonoto, dibantuan di tukang hayoh ngaruksak.
  3. Prak ditema ku Ngabehi ti Taraju, leres sapamendak, sareng abdi Dalem oge, enggal mulang rahayat urang belaan.
  4. Kawajiban lain ngan di dieu wungkul, lemah cai urang, kedah dijaga nu hade, henteu suka rahayat diranjah semah
  5. Mun teu enggal dibujeng sarta digempur, somah tambih reksak, ku emutan mulih bae, paripaos ngaduruk imah sorangan.
  6. Bapa Umbul Medangsasigar nu nyusul, kekentong Pasundan, jalma leber ku wawanen, kalan-kalan sentak badakeun lakuna.
  7. Abdi Dalem mireng wartos model kitu, ngaraos dihina, tetela dikerja-bodo, mun kieu mah berjoang taya gunana.
  8. Geus ditipy supaya ngantunkeun lembur, bari dihianat, di tukang mah dikorowot, geus diranjah dirampas kamerdikaan.
  9. Ku emutan ku Dampal Dalem kamaphum nu kitubudina, upami diantep bae, moal boa engke ngajabel Nagara.
  10. Mun teu enggal diwarah terus dikepung, ngaraoskeundosa, tangtos rahayat ngaromong, pamingpinna geus ninggalkeun kawajiban.
  11. Kaduana dianggap bodo balilu, ka payun dijaga, ti pengker bet dikorowot, geus terang ge ku urang henteu digebah
  12. Sabadana taya deui nu miunjuk, Dipati mariksa, kumaha ari nu sanes, na satuju ka nu geus salasauran?
  13. Sarerea mani ear saur manuk, pada ngarempagan, samiuk ngahiji kabeh, nu maksudna rek ninggalkeun medan
87