Ieu kaca geus divalidasi
- perang.
- Titih rintih Dipati Ukur misaur, ku kula katampa, sadayana sapagodos, sangkan urang ngantun medan peperangan.
- Tegesna mah ti dieu ngantunkeun batur, baladna Mataram, ditengahing adu rempon, nu ayeuna ngarandapan asor perang.
- Bahureksa kasambut di medan pupuh, tur balad-baladna, sigana geus mundur kabeh, nu jaragjag pada mabur katawuran.
- Mataram teh mo cicingeun pasti maju, ceuk beja nu nyata, moal lila deui oge, bakal datang bantuan manglaksa-laksa.
- Nu dipingpin ku Ki Sura Agul-agul, ku Ki Mandureja, pamanggul perang salohor, nu katilu ku Dipati Upasanta.
- Ayeuna mah ku aranjeun pek aremut, da geus moal salah, baris disangka teu hade, nu geus tangtu dituding Sunda hianat.
- Ku lantaran geus ngantunkeun medan tarung tempat peperangan, anu tangtu Mataram teh, bakal nyerbu ngarurug Nagara urang.
Dangdanggula
- Suranangga geus mokprok wawarti, jeung Ki Umbul ti Medangsasigar, nu maksadna sami keneh, ari nu dipiunjuk, abdi Dalem teu bade inggis, sanajan pecah dada, najan ajur lebur, ngorbankeun raga jeung nyawa, keur ngabela pusaka jeung lemah cai, waris luluhur urang.
- Sabadana Pangeran Dipati, ngadangukeun piunjuk rewangna, mung ukur imut nyerengeh, pantesna mah Kagugu, ngagelenyu tur imut manis, saurna satadina, ngan kaula wungkul, moal mawa balarea, rek ngelemet balik ti heula pribadi, sorangan ka Nagara.
- Rek nyacapkeun kayakinan ati, tarung ijen reujeung Ki Durjana, jelema nu laku serong, nu ngagadabah lembur, padumukan jeung lemah cai, ngaruksak kahormatan, tur enggeus
88