Ieu kaca geus divalidasi
- demi keur kahormatan.
- Sapeupeuting teu aya nu cicing, baleberes bareng sarerea, bubuntel pakpikpek kabeh, gotongan geus diatur, bebekelan nu masih kari, cadangan bekel perang, nu masih ngagunduk, kapaksa dibawa mulang, tur ditambih ku rampasan beunang jurit, gonimah pangperangan.
- Kitu deui nu masih garering, jeung nu tatu sanajan teu loba, ngan ukur puluhan bae, kabeh enggeus diurus, dina cikrak kari rigidig, geus tarapti sadaya, teu lila terus jung, wanci janari mangkatna, tur diatur ku tata tertib prajurit beres aleutanana.
- Di jalanna teu panjang digurit, balad Sunda kocap geus daratang, badarat salikur poe, ka wates Dayeuh Ukur, ngarerebna di tepis wiring Dipati Ukur enggal, marentahkeun ngutus, jurutelik anu tabah, keur maluruh ka tempat-tempat parenting, pikeun ngatur serangan.
- Kacaturkeun geus daratang deui, jurutelik marawa laporan, Kaayaan geus katangen, antarana nu perlu, Ronggonoto parantos ngandih, ngeusian padaleman, nu ngajaga pinuh, jumlah baladna teu loba, ngan saukur tiluratus kurang leuwih, kabeh balad Mataram.
- Dalem Ukur natakeun prajurit, sabagian ngepung kapatihan, milih prajurit nu tanggoh, padaleman ge kitu, pangepungan janari leutik, keur dina sisimpena, maju tingsuludup, Suranangga kapatihan, Dalem Ukur padaleman nu diungsi, asupna rerencepan.
- Ku pinterna nu ngalatur jurit, bray beurang teh gancang ditarajang,sakeudeung rengse geus beres, henteu kungsi bertempur, da musuhna sumerah diri, kocap di kapatihan, musuh ngararingkuk, hiji dua nu ngalawan, digebugan tuluy disandangan tali, kabeh jadi boyongan.
- Dalem Ukur bus ka Srimanganti, katingali sidik ku anjeunna, Ronggonoto keur ngajeleng, leuleumpangan teu puguh, jigana mah meureun tas ngimpi, enggeus meunang ilapat, sarena ngan ukur, peureum beunta henteu tibra, sore eta diuk nangtung goler deui, kawas geus terus rasa.
90