Ieu kaca geus divalidasi
- Isuk-isuk ngalejeg teu cicing, ujug-ujug kadenge di luar, jeleima patinggorowok, ribut marenta ampun, Ronggonoto gancang rek ngin’ip, arek nempo ka luar, gok Dipati Ukur, ngarenjag bakating rcuwas, henteu nyangka jeung musuh paamprok deui, adu hareupan pisan.
- Gancang bae ngelok asup deui, tur pantona digebrugkeun bedas, ku Adipati didorong, diseundak tur disurung, henteu lila geus muka deui najan ti jero nahan, tapi henteu mampuh, tanagana teu saimbang nu ti luar nyurungna teh leuwih tarik, nu matak gancang muka.
- Dalem Ukur geus aya di bumi, Ronggonoto blus ka pajuaran, lumpat bari ngagorowok, ngagero menta tulung, ku Dipati terus dikintil, angkatna lalavnan, lir ibarat maung, keur ngadeukeutan mangsana, anjeunna teh pok ngalahir rintih tartib, henteu gagantawangan.
- Aeh-aeh make jerat-jerit, gegeroan menta ditulungan, kawas lain jago bae, kekentong nu pinunjul, Senapati wijig pinilih, satria ingalaga, tukang unggul tarung, hamo aya paedahna, sok sanajan ngajerit maratan langit, moal aya gunana.
- Balad anjeun tilu ratus leuwih, sadayana enggeus dicangkalak, ayeuna bade tumaros, kumaha nu dimaksud, naha masih rek nyobi-nyobi, ngayakeun perlawanan, enggal geura lungsur, diantos ayeuna pisan, meungpeung deukeut tur rineh teu aya saksi, anu baris nulungan.
- Sajongjongan ngajengjen teu usik, Ronggonoto henteu ngawalonan, tuluy bae rarat-reret, ngilikan anu suwung, pilumpateun lawang keur bijil, dina hatena perang, dagdigdug tagiwur, sieun nandangan wiwirang, pok teh ngomong ngadegdeg bari ngalengis, hayang dipikarunya.
- Rai Dalem Pangeran Dipati, Dalem Ukur Den Wangsataruna, Kakang teh weleh teu ngartos, maksad naon atuh, anu jadi emutan Rai, rupi bade nandasa, pun Kakang teh bingung, naon anu jadi dosa, mapan Kakang aya di wewengkon Rai, ngemban timbalan Sultan
- Entong make nyebat rua-rai, kaula mah teu boga baraya, ngaran lanceuk Ronggonoto, lahir Dipati Ukur,
91