Ieu kaca geus divalidasi
- reuyan ka Senapati, leres kaula terang, anjeun teh diutus, kedah ngatur bekel perang, tapi naha talajak teh henteu uni, ngaranjah banda rayat.
- Sanggem Kakang kapihatur tadi, yen Kakang teh mung sakadar darma, tembal Raden Ronggonoto, jiga nu rada bingung, darma ngemban dawuhan suci, timbalan ti Sri Sultan, ti Kangjeng Sinuhun, teu rumaos geus ngaranjah, jeung ngaruksak kakayaan abdi-abdi, estu teu pisan-pisan.
- Sadayana anu jadi abdi, marantuan soson-soson pisan, darma bakti gotong royong, ngabantu ka Pangagung, taya basa maksa ngurihit, sok komo reujeung ngancam, ngan pitenah wungkul, enggoning milampah karya, rahayat teh teu kedah dipenta deui, kalawan iklas pisan.
- Ku kituna geus ngaraos wajib, hatur nuhun kana kasaean, ka rahayat nu saroleh, sinareng ka Pangagung, ka salira Raden Dipati, nu jadi papayungna, di Nagara Ukur, sakitu Kakang laporan, mugi-mugi Dipati teu rengat galih, ulah tumut pitenah.
- Dalem Ukur ngadangu wawarti, mesem leleb tur angguk-anggukan, bari neuteup Ronggonoto, anu pinter ngahuntu, caritana estuning limit, bohongna teu katara, da rapih dibungkus, ku kecap nu ngagalasar, tur nembongkeun manehna suci beresih, kapercaya ku rayat.
- Dalem Ukur pok alon ngalahir, nya sawios henteu rumaos mah, andika teh meureun hade, memangna oge kitu, pangakuan dibuni-buni, euweuh kaluluputan, lian tina jujur, kabiasaan manusa, tara ngaku kana kasalahan diri, sanajan sok raranjah.
- Ayeuna mah mangga kedah ngiring, urang angkat ka bale watangan, supados tiasa ebreh, kapanasaran ucul, urang neda timbangan hakim, dah bawang tur dah kapas, urang sae lawung, adu telu ampar tiga, di dinya mah tangtu bisa katingali, nu bener jeung nu salah.
- Ronggonoto melengek muringis, pok ngajawab ka balewatangan, ku pun Kakang teu kahartos, estu ngarasa bingung, mapan Kakang pangkat Dipati Senapati Mataram,
92